Mangsa ayeuna barudak kelas tilu SMA keur nglaksanakaeun UAN
Aya budak SMA kukurilingan siga anu bingung.....
Geus tatanya kaditu kadieu weleh teu aya jawaban anu nyugemakeun.
"Kamana uing kudu nanyakeun ??????" gerentes hatena, ret kana 
Plank :"Mbah IYUS PARANORMAL SAKTI, SAGALA MASAKAH BISA KAJAWAB"... 
bus eta budak teh kadinya.
sanggeus diuk pahareup-hareup pok mbah IYUS ngomong
"Ke, ke, ke... saha uajng teh ?" ceuk Mbah IYUS.
"Deni, mbah! ti SMA-007" ceuk budak jawabna pondok.
"Keur ujian jang ?... hayang lulus meureunan nya ?"ceuk Mbah IYUS
"Kantenan Mbah!" ceuk Deni
"Hayang Ka SIPIL ITB ????" ceuk Mbah IYUS nebak-nebak.
"Kantenan wae Mbah" ceuk Deni Pondok.
Mbah IYUS kacida atoheunana tebakanana tepat, barti teu nanya heula 
naon sabenerna anu rek ditanyakeun.
Terus Mbah IYUS, meuleum menyan, meunang meuli ti Pasar Kosambi, bari 
murulekun kembang 7 rupa kana baskom anu aya caian.. bari kunyam 
kunyem babacaan... teuing naon anu dibaca da ngagerendeng.
Teu lila pok ngomong.... 
"Jang Deni, tong hariwang..pasti lulus... pasti ditarima di SIPIL 
ITEBE.. pasti, pasti.. pasti" ceuk Mbah IYUS mastikeun.
"Jung ayeunamah geura balik...kahade tong poho munjungan ka Indung 
Bapa" ceuk Mbah IYUS.....
Budak dititah balikteh kalahkah olohok... terus pok ngomong,
"Mbah Abdi kadieu teh dumeh eta maca Plank dipayun, Mbah IYUS teh 
sakti, tiasa ngajawab sagala masalah" ceuk Deni
"Heueuh !!!, ari kitu kumaha????" ceuk Mbah IYUS
"Punten Mbah, Abdi kadieu teh bade naroskeun jawaban anu nomor 32, 
jawabna a tawa b anu leres ?" ceuk Deni bari ngasongkeun so'al 
matematika.
"....??????????" Mbah IYUS ngahuleng....


Geus ah....
Kanggo Mang DENI "UA SAS GEUS CAGEUR EUY !!!!, lain gering-gering 
teuing siganamah, hayang ngeukeupan Ambu-na si Eneng beurang-beurang 
da ari peuting si Eneng sok hayang sare ditengah wae...."


Wasalam.




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke