Ngiring nambihan !
Guru Osid keur ditugaskeun jadi pangawasan UAN di salahsahiji  SMU paporit
di Legok
kenyot. Keur anteng ngawaskeun katingali si Badrun anu diukna paling pojok
arangisel teu genah cicing, juru panonna rurat reret kalembar jawaban batur.
" Bapa tidak segan segan, apabila ketahuan ada yang menyontek, akan di
diskualifikasi.....kunaon hidep teh Badrun ?" Guru Osid molotot ka si
Badrun.
" Eu ieu pa... eu..anu ...!" Badrun arap-ap eureup-eup.
" Aya naon, aya pertanyaan anu teu jelas ?"
" Sanes pa...pan soal ieu teh multiple choice aya opat jawaban, abdi usul
pa..tiasa ngangge fasilitas bantuan ?"
" Maksud hidep ?"
" Nganggo fasilitas fifty fifty, piceun jawaban anu dianggap salah pa !"
" Oh kitu nya, ari hidep geus ngajawab sabaraha soal ?"
" Lima soal pa !"
" Wah mun kitu mah hidep geus nepika titik aman yang pertama, kumaha
nek maju ?"
" Teras pa...!"
" Tah ayeuna fasilitas bantuan tinggal hiji deui, nyaeta phone a friend, ari
hidep nek ngahubungan kasaha ?"
" Euis Komalasari pa !"
" Saha eta teh, papacangan hidep ?"
" Sanes pa, eta teh nini abdi, anu linggih di Sekejendil !"
" Naha geuning nanyakeun ka nini ?"
" Lantaran nini abdi, hiji hijina dikeluarga abdi anu apal ti taun sabaraha
nini anteh cicing dibulan !"
" Heueuh sok teruskeun, susuganan nepikeun ka titik aman katilu !"
" Hadiahna tilupuluh dua juta nya pa !" ceuk si Badrun bari leng
ngalamun,nyipta nyipta diuk dina korsi panas bari disurakan kunu lalajo
lantaran meunang hadiah samiliar dina quiz wi won tu bi eu miliyuner.
cag ah,
syam ridwan
----- Original Message -----
From: jajakakapaksa <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, May 26, 2004 8:33 AM
Subject: [UrangSunda] Dukun


> Mangsa ayeuna barudak kelas tilu SMA keur nglaksanakaeun UAN
> Aya budak SMA kukurilingan siga anu bingung.....
> Geus tatanya kaditu kadieu weleh teu aya jawaban anu nyugemakeun.
> "Kamana uing kudu nanyakeun ??????" gerentes hatena, ret kana
> Plank :"Mbah IYUS PARANORMAL SAKTI, SAGALA MASAKAH BISA KAJAWAB"...
> bus eta budak teh kadinya.
> sanggeus diuk pahareup-hareup pok mbah IYUS ngomong
> "Ke, ke, ke... saha uajng teh ?" ceuk Mbah IYUS.
> "Deni, mbah! ti SMA-007" ceuk budak jawabna pondok.
> "Keur ujian jang ?... hayang lulus meureunan nya ?"ceuk Mbah IYUS
> "Kantenan Mbah!" ceuk Deni
> "Hayang Ka SIPIL ITB ????" ceuk Mbah IYUS nebak-nebak.
> "Kantenan wae Mbah" ceuk Deni Pondok.
> Mbah IYUS kacida atoheunana tebakanana tepat, barti teu nanya heula
> naon sabenerna anu rek ditanyakeun.
> Terus Mbah IYUS, meuleum menyan, meunang meuli ti Pasar Kosambi, bari
> murulekun kembang 7 rupa kana baskom anu aya caian.. bari kunyam
> kunyem babacaan... teuing naon anu dibaca da ngagerendeng.
> Teu lila pok ngomong....
> "Jang Deni, tong hariwang..pasti lulus... pasti ditarima di SIPIL
> ITEBE.. pasti, pasti.. pasti" ceuk Mbah IYUS mastikeun.
> "Jung ayeunamah geura balik...kahade tong poho munjungan ka Indung
> Bapa" ceuk Mbah IYUS.....
> Budak dititah balikteh kalahkah olohok... terus pok ngomong,
> "Mbah Abdi kadieu teh dumeh eta maca Plank dipayun, Mbah IYUS teh
> sakti, tiasa ngajawab sagala masalah" ceuk Deni
> "Heueuh !!!, ari kitu kumaha????" ceuk Mbah IYUS
> "Punten Mbah, Abdi kadieu teh bade naroskeun jawaban anu nomor 32,
> jawabna a tawa b anu leres ?" ceuk Deni bari ngasongkeun so'al
> matematika.
> "....??????????" Mbah IYUS ngahuleng....






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke