Kang Tantan,
 
Ngeunaan kaputusan Kongres Basa Sunda di Garut kungsi diposting, malah kaasup guaran ngeunaan aksara pangganti aksara Hanacaraka. Kacindekanna, aksara Sunda ayeuna lain "Hancaraka" deui, tapi Aksara "Kaganga" tea. Di handap ieu posting sim kuring kapungkur ngeunaan Aksara Kaganga, kalawan diropea deui sautak-saeutik. Hapunten bilih panjang teuing
 

Para wargi sadaya,

 

Ruangan-ruangan di pangulinan MJ enggeus dinawaetuan, malah sigana enggeus mimiti dipigawe ayeuna mah, diaranan ku ngaran-ngaran anu digali tina budaya urang bari jeung prak ditulis ku aksara Sunda.  Enya aksara Sunda anu diresmikeun waktu Kongres Basa Sunda anu ka-8 asana, anu dilaksanakeun bulan Nopember 2000, di Garut.

 

Aksara Sunda anu diresmikeun dina Kongres Basa Sunda ka-8 teh disebutna AKSARA KAGANGA minangka PANGGANTI AKSARA SUNDA ANU SALILA IEU DIPAKE, HANACARAKA  tea. Hanacaraka anu ti wetan tea (Jawa)  ayeuna parantos resmi diganti ku Aksara Sunda asli anu disebut Aksara KAGANGA. Di handap ieu si kuring sakadar nyaritakeun deui pitutur Abah Surya (saterusna mah disingket bae: "Abah") ngeunaan Aksara Kaganga, waktu si kuring ngahajakeun tatanya ka anjeunna ngeunaan unak-anik aksara Sunda Kaganga.

 

Numutkeun Abah,  Kaganga  teh ngarupakeun huruf asli buah kabudayaan urang anu kapanggih tina prasasti-prasasti anu aya di Tatar Sunda, titinggal karuhun urang. Ieu susunan abjad Sunda teh di sawatara tempat disebut ku rupa-rupa ngaran, saperti aksara Dasabagawa (uningaan, upamana seratan Kang Yoseph iskandar anu medar sasakala huruf Sunda �Dasabagawa�). Namung, saur anjeunna, sebutan aksara Kaganga langkung merenah dumasar kana susunan eta aksara jeung alamiahna runtuyan kaluarna sora ejaan tina awak urang dina susunan aksara Kaganga.

 

Salengkepna ejaan atawa aksara Kaganga teh aya 24 huruf (anu diwujudkeun dina huruf awal �suku kata�) anu diwangun ku  15 huruf anu asli ti Sunda, 2 huruf meunang  ngunyang tina Basa Arab, jeung 4 huruf anu karembesan ti aksara /ejaan Latin.  Susunan anu 24 huruf teh nyaeta:

 

KA  GA  NGA      TA  DA  NA     PA  BA  MA      YA  RA  LA  WA     SA  HA    (15 anu asli Sunda); 

SYA  KHA  (2 aksara dicokot tina Basa Arab)

VA  FA  XA  ZA  (4 aksara rembesan tina abjad Latin).

 

Numutkeun Abah, aksara Sunda anu pangganti HAnacara leuwih pantes disebut aksara "Kaganga" teh kulantaran dina basa naon bae runtuyan pangucap aksara tina waruga urang, ti mimiti anu paling gampang tepi ka anu pangbeuratna, nya saperti susunan aksara di luhur (lebah dieu ahli fonetik atawa ahli basa anu kuduna ngaguar teh, mangga nyanggakeun).

 

Aya bebedaan anu kawilang gede antara aksara Hanacaraka anu kungsi dipercaya salaku aksara Sunda jeung aksara Kaganga, utamana dina harti filosofis anu dikandungna.  Urang malikan heula eusi atawa harti kecap-kecap dina aksara Hanacaraka, geura.

 

Umumna urang geus pada apal sasakala lahirna aksara Hanacaraka, nyaeta dongeng Ajisaka jeung dua utusanana anu pabentar paham tea. Masing-masing marebut bebeneran, nyekel amanat anu jadi dununganana, pasea anu rongkah tepi ka derna garelut anu antukna duanana jaradi babatang, maot kulantaran silih telasan.  Nya pikeun ngaabadikeun eta lalakon dua utusanana, Sang Ajisaka teh nyieun tutulisan anu unina HA  NA  CA RA KA ..jst tea. Eta susunan aksara Hanacaraka nyaritakeun lalakon dua utusanana.

 

Sacara ringkes bisa dicindekkeun, Hanacaraka diwangun ku carita (anu moal boa ukur legenda atawa dongeng), eusi ajaranana rada pikahariwangeun sabab nyaritakeun anu parasea jeung teu walakayana urang dina urusan komunikasi  (coba atuh lamun aya catetan karajaan mah naon bae amanah anu geus ditepikeun ka badega karajaan, sigana moal aya kajadian silih telasan antara 2 badega anu sarua pada satia ka raja, ngan upama kitu, akibatna�meureun moal aya akasara Hanacara :) ).

 

Dongeng Hancaraka oge siga-siga ngagambarkeun peta para utusan anu parasea bae kalawan heunteu engeuh kana tugasna masing-masing, ngarasa bener sorangan tepi ka heunteu bruk-brak madungdengkeun naon anu sakuduna dilakonan dina pancensewang-sewangan. Moal  kitu peta para wakil rakyat, para utusan rakyat di gedong rakyat anu tepi ka ayeuna masih parasea bae teh kulantaran lolobana nyekel aksara Hanacara? Wallohu�alam, si kuring asa acan manggihan tulisan ngeusi ngeunaan pangaruh legenda asal-usul aksara jeung tingkah laku jelema anu nyekel eta aksara.

 

Susunan aksara Kaganga  oge mibanda harti, malah kacida luhur ajenna. Ngan, beda jeung harti atawa eusi aksara Hanacaraka, eusi jeung maksud susunan aksara Kagangan mah lain medal tina hiji legenda atawa dongeng asal-usulna, balikta bener-bener bawaan aslina tina harti tiap kecap aksara dina runtuyanana. Ieu maksud atawa eusi aksara Kaganga teh ku Abah mah disebatna hiji kaajaiban, sabab upama diteuleuman baris kahartos yen basa teh salah sahiji tawis kanyaahna Anu Maha Nyiptakeun, khusus pikeun makhlukna anu kasebut manusa tea. 

 

Eusi aksara Kaganga anu ngarupakeun runtuyan kecap anu alamiah aya dina basa naon bae, geuningan mibanda visi jeung ajen moral anu kacida luhurna, langgeng nerap tepi ka iraha bae manusa hirup.  Siga kumaha eta eusi jeung maksud susunan aksara Kaganga anu cenah sakitu luhurna?

 

Eusi, maksud atawa piwulang anu aya jero aksara Kaganga  beda jeung harti atawa maksud aksara Hanacaraka, sakumaha  kailo tina harti tiap kecapna. Geura urang tuturkeun deui cariosan Abah Surya:

 

KA  GA  NGA     = ieu ngarupakeun singketan tina Kaagungana (�na�  maksudna

                            manusa) atawa   Kaagungana-Na (kaagungan Pangeran)

 

TA  DA  NA        =  maksudan: �Tandana� atawa �ditandaan ku��

 

PA  BA MA         =   Pagawean Badan Manusa  (PA  = Pagawean, BA  = Badan,

                               MA   =  Manusa )

 

YA  RA  LA  WA =  Nyaeta ( tina �YA� anu dina basa naon bae ngarupakeun

                              kecap pangakuan atawa panyaluk); Rasa (tina RA anu

                              hartina Rasa);  Ucap (tina �LA� = letah anu dielelkeun);

                              (pangakuan) Masyarakat (tina �WA� anu ngarupakeun

                              singketan tina �warga�)

 

SA   HA              =  (sabab urang asalna ti anu) SAHIJI (tina �SA�, singketan

                               atawa kecap panganteur bilangan hiji atawa tina �Esa�);

                               (anu Maha) Sampurna (tina �HA� anu hartina �anggeus�

                               atawa �sampurna�, sakumaha manusa lamun anggeus

                               migawe hiji pagawean rumahuh atawa ngahegak).

 

SYA                    =  (eta teh) Jalan anu lempeng (tina huruf awal kecap �Syiroth�,

                                 B.Arab anu hartina �jalan� atawa �rawayan�,  pameuntasan,

                                anu nyambungkeun)

 

KHO                    =  anu langgeng  (tina huruf awal kecap �Kholada�, B. Arab anu

                                hartina langgeng)

 

VA  FA  XA  ZA   =  Kajayaan (tina huruf awal  kecap Latin �Vicy � = meunang,

                                atawa Jaya),   kakuatan (tina huruf awal kecap Latin �Ferro�

                                anui hartina beusi, simbol kakuatan),  anu teu ka ukur atawa

                                (tina simbol huruf �X� anu biasa digunakeun dina kaelmuan

                                pikeun nunjukeun hiji hal anu teu ka ukur atawa heunteu

                                tinangtu/B. Indonesia: �tak terukur�);  aya dina kasirnaan

                                (tina huruf Latin �Zero�  = enol)

 

Numutkeun Abah Surya, upama disambungkeun (memang sakuduna disambungkeun) eung disarungsum sakumaha anu diperlukeun, harti tiap kantetan aksara Kaganga ngandung  maksud anu bisa diringkelkeun sarupa kieu:

 

�Kaagungan cara manusa mah (atawa: lamun manusa hayang kaasup ngaagungkeun Pangeranana) tandana nyaeta ucap, rasa jeung laku lampahna (anu hade) jero masyarakat (atawa : ceuk masyarakat anu nyebut, pamendak jelema rea ngeunaan dirina: hade).  Sabab urang asalna ti anu Hiji (Esa) Anu Maha Sampurna). (Hirup cara kitu teh ngarupakeun) jalan (rawayan pikeun nepikeun manusa kana tujuan anu sakuduna) anu lempeng tur langgeng (moal obah atawa memang kitu sakuduna).

 

Hirup teh kudu aya kakuatan dina alam anu teu aya watesna anu (eta kakuatan di alam anu teu aya watesna teh kahontal lamun manusa) bisa nyirnakeun egona atawa kaainganana�.

 

Catetan: kalimah anu akhir bisa oge dihartikeun kieu: 

 

�Laku lampah anu hade ceuk masyarakat teh ngarupakeun kajayaan jeung kakuatan hirup anu teu aya watesna anu cara ngahontalna ku jalan manusa nyirnakeun (ngalepaskeun) egona atawa kaainganana)�.

 

Sakitu para wargi, salangkungna mah sumangga nyanggakeun. Sadaya-daya, hapunten anu kasuhun kawuwuh si kuring mah lain ahli basa, anu bieu diguar mah seja nepikeun bae anu katarima ti anu mituturkeun.

 

Pun

 

manAR

 



tan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,

Sababaraha bulan katukang, kuring pernah maca salintas ngenaan Kaputusan
Kongres Budaya Sunda anu di Garut tea. Cing, manami aya anu emut keneh, dina
masalah tulisan Sunda naha kaputusana tetep nganggo hurup palawa (hanacaraka
tea) atanapi sanes!


hatur nuhun sateuacana


baktos


tantan

[Non-text portions of this message have been removed]



---------------------------
informasi kode pos bandung: http://www.bandung40000.com

to unsubscribe: [EMAIL PROTECTED]
peraturan milis: dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
himbauan: terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Do you Yahoo!?
Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke