Pararunten ka sadayana, sim kuring nembe ngulampreng
deui, margina 2 minggon jaringanna keuna ku heker,
jadi we ditutup heula.

- Sim kuring panuju ka ayana diskusi, mung nyeta
sami-sami ulah maksakeun pamadegan urang ka batur.
Beda pamadegan kenging tapi ulah digedekeun tug jadi
jadi paanggang komo mun jadi ngewa jeung mumusuhan.
- Salami kuring cinutrung teu niasa ngalongok lembur
Kusnet, mireng wartos saurna MJ keukeuh peuteukeuh
hoyong ngadukung Kang Agum jadi wapres, jalaran
anjeunna US. Namung saparantosna sim kuring tiasa
ngalongok deui lembur Kusnet, eta dukungan teh upami
teu lepat mah dicabut deui kumargi Kang Agum saurna
tilas anak buah musuh MJ.
Pamadegan MJ nu ieu ceuk sim kuring mah kelebet
pamadegan anu SAE, sanes PLIN-PLAN, dina hartos tiasa
tiasa ngadangu ku kalbu.
- Sim kuring sorangan insya Alloh bade milih pasangan
capres + cawapres numutkeun gerentes ati nu suci,
lillah hitaala, sanes dumasar kana kasukuan wungkul.
Saupamina calon capres + cawapres nu dipilih ku urang
gagal, nya wayahna kudu bisa narima capres "TERPILIH",
+ sakabisa urang tiasa ngarojong pamarentahannana
supaya urang sadaya ngiring ngarasakeun hasilna. 

Sakitu manawi dulur sadaya aya nu bade nambihan.

Jaka

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> >
> >
> >
> >enya. diskusi. atawa ngadu bako. si kuring mah bako
> wungkul, teu make cengkeh. da resepna roko bodas.
> >
> >jejer diskusi politik ieu hiji, milih capres
> cawapres. 
> >
> >eusina: 
> >1. rek milih agum alatan manehna 'wawakil' sunda.
> alesan emosional, kasukuan, suku cadang oge kaci, 
> primordial, jeung sajabana.
> >2. baraya sejenna nu embung milih agum alatan
> alesan masing-masing nu (sigana) miheulakeun
> inteletektual-objektifna jeung faktor2 trek rekod
> figur capres wacapres oge platformna.
> >3.moal milih agum sabab bisi ngerakeun. 
> >4.moal milih agum sabab ngan ukur jadi calon wakil
> presiden, mun capres mah rek milih
> >5. hayang milih agum tapi capresna teu resep.
> >6. moal milih sasaha.da milih cawapres wungkul mah
> teu kaci.
> >7. rek milih capres jendral pangsiunan.
>



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke