Tadi tabuh sawelasan, opatan,kuring jeung
balad tiluan ulin ka RRI Bandung, rek mendakan Pa Juju, da geus jangji
tianggalna.
Enya we Pa Juju teh tos ngantosan,....bari sakalian
ningalikeun arsip arsip baheula, diantarana beluk/ pantun beton, kendang
penca, wawacan, sareng pupuh...!
Kuring giak kacida, menta sangkan direpro kana
CD...Pa Juju nyanggeman..enjing pageto cek deui saurna
teh..!!
Beres ti RRI, Kang Jajakakapakan ngabiur mawa mobil
sangeunahna, sugan teh rek balik deui ka kantor, ari pek teh kalah ka ulin
ka Punclut Dago,.....neangan sangu beureum jeung pais peda, enya manggih,
ngan hanjakal keur kuring mah asa aya bagja teu daulat, da kapan
padaharan keur rada dipantang.
Kira- kira tabuh satengah satu MJ ngebel, mun bisa
mah kuring kudu datang ka Ulang Taun na Pa Duduh Durahman di Rumentang
Siang, sakalian aya pintonan kasenian Sunda, puguh we keur kuring mah jadi
pungak pinguk, da rada jauh ti Punclut Dago teh, mana apan geus liwat tina
waktuna.
Hampura MJ, teu kaburu da nepi ka kantor ge
satengah dua leuwih.
Balik deui kana repro CD ti RRI Bandung, lamun tea
mah hasilna alus, nya meureun lamun aya nu perlueun teh teu hese teuing
neangan atuh lamun aya nu pesen tinggal ngarepro deui bae, ngan duka tah ari
kitu ijin HAKI-na kumaha nya..?
MSasmita