Kang
Taryat, upami bade milih hotel anu caket ka pantey mah sigana langkung sae milih
anu di pantey kulon, di pantey kulon mah geuningan tiasa ngojay, sareng panteyna
teu curam. di pantey palih wetan oge aya hotel, ngan pamandanganana kirang sae,
mung tiasa ningali panon poe bijil.
tapi
upami hoyong meuleum lauk laut, ayana di pantey wetan dipasar lauk, di dinya mah
seueur mangrupi katuangan lauk laut sareng pangaosna mirah.
di
pantey kulon mah nya nami nami hotelna aya Hotel surya, Nyiur, ah.. pokona mah
paling seueur aya di pantey kulon eta hotel hotel teh... ti bintang 3 dugi ka
losmen seueur,
Upami
urang bade ngirit biaya, tiasa nyewa bumi urang dinya anu caket ka pantey,
biasana upami urang tos dugi ka kantey sok aya jalmi anu nawis nawiskeun
bumina anu bade di sewakeun, pangaosna relatif mirah tibatan di hotel,
ancer ancer sabumi tiasa 150 rebu sadinten , eta teh aya 3 s/d 4 kamar
cekap kangge 3 kulawargi..
tatan
-----Original Message-----Wilujeng Siang wargi Bakus sadayana,
From: TARYAT [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, June 02, 2004 12:22 PM
To: urangsunda
Subject: [UrangSunda] Info sekitar Pangandaran
Neda informasi sabudeureun Pangandaran, hotel nu caket ka laut nu rame
sareng aman, hotel naon ?
Sim kuring sareng rengrengan ti pangulinan aya maksud rek ka Pangandaran
di akhir July 2004.
Neda informasi ti wargi sadayana nu aya di sabudeureun, nu terang nu caket
ka Pangandaran.
Diantos pisan.
Hatur nuhun sateuacanna.
wasalam
Taryat
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

