Perkawis hotel tiasa disesusaikeun sareng kahoyong ... anu rada mirah nyaeta anu di pantai timur, margi di dinya teu tiasa ngojay, mung caket ka tempat bakar ikan.
 
Hotel anu berbintang di Pangandaran aya di pantai barat, sapertos Surya Pesona Beach Hotel, Hotel Uni, Bumi Nusantara sareng aya sababaraha hotel ... Upami langganan PT Inti mah di Bumi Nusantara, lengkep sadaya aya, langganan PGRI hotel Galuh rada kalebet eta mah ... he .. he ... mantan calo hotel ..
 
Upami bade milarian bumi .. kanggo ancer-ancer tiasa ditingalian di dieu ... http://www.smkn1-cms.sch.id/Rumahwisata/ ...
 
Sakantenan promosi, upami ka Pangandaran kade hilap ka Green Canyon, teras kadituna ka Batukaras, bilih hoyong ningali lapangan terbang .. kalangkungan da sajalan ... he .. he ...
 
Sakitu manawi kaanggo ..
 
\budhi
oritate permai
pituin urang pangandaran ka kidul
----- Original Message -----
From: TARYAT
Sent: Wednesday, June 02, 2004 2:22 PM
Subject: [UrangSunda] Info sekitar Pangandaran

Wilujeng Siang wargi Bakus sadayana,

Neda informasi sabudeureun Pangandaran, hotel nu caket ka laut nu rame
sareng aman, hotel naon ?
Sim kuring sareng rengrengan ti pangulinan  aya maksud rek ka Pangandaran
di akhir July 2004.

Neda informasi ti wargi sadayana nu aya di sabudeureun, nu terang nu caket
ka  Pangandaran.

Diantos pisan.

Hatur nuhun sateuacanna.

wasalam
Taryat





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id





Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke