Cul Dogdog Tinggal Igel

"Cul Dogdog Tinggal Igel" ceuk paribasa tea mah.
Ungkapan eta teh cenah mah bisa ngandung harti tonggoy
nguruskeun seke-seler mopohokeun jejer utama. Meureun
kapopohoan tea hartina teh. Jiga budak dititah balanja
ku kolotna, di jalan panggil jeung baturna ngajak maen
langlayangan. Alih-alih inget kana panitah kolot,
tampolana karek balik magrib da anteng maen
langlayangan. Atuh kolotna mah nepi ka beuheung
sosongketeun nungguan, rek nyambel euweuh tarasi, tapi
budak nu dititah teu embol-embol.

Kaayaan jiga di luhur teh sering kajadian di lembur
urang sorangan. Duka ieu teh tos jadi watek urang
kitu? Wallahualam. Contona bae lamun urang keur
guntreng gunem catur, ngabahas hiji pasualan, leodna
teh geuning duka kamana, sasambayan, ngarancabang.
Urang saliksik geura hiji kasus paguneman urang
sarerea, ngeunaan jejer "Kiai Khos ngaharamkeun milih
Mega."  Eta jejer teh nu mimiti diposting tanggal 3
Juni, nepi ka 6 Juni teh aya kana 33 postingan. 

Lamun ku urang diulak-ilik postingan teh akhirna mah
jejer jeung eusina teh geuning hese dipatalikeunana.
Tina jejer fatwa ulama ngeunaan pamingpin wanoja,
geuning eusina teh bet los-los kana nyandung, nyawah,
malah aya bedul sagala rupa.

Wallahualam.
MH



        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke