Euh, leres atuh upami kitu mah lebet kana babasan "cul dog dog tinggal igel". Namung da kumaha atuh, kitu talajakna dunya milist mah, jalaran demokratis tea. Rupina, upami aya maksud, anu peryogi teh upami bahan katampi, aya watesan to moderator sareng panglelempengna. Namung, namung deui bae, naha purun sareng aya waktu kitu moderator kanggo ngurusanan sarupi kitu?
Baktos, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Cul Dogdog Tinggal Igel > > > "Cul Dogdog Tinggal Igel" ceuk paribasa tea mah. > Ungkapan eta teh cenah mah bisa ngandung harti tonggoy > nguruskeun seke-seler mopohokeun jejer utama. Meureun > kapopohoan tea hartina teh. Jiga budak dititah balanja > ku kolotna, di jalan panggil jeung baturna ngajak maen > langlayangan. Alih-alih inget kana panitah kolot, > tampolana karek balik magrib da anteng maen > langlayangan. Atuh kolotna mah nepi ka beuheung > sosongketeun nungguan, rek nyambel euweuh tarasi, tapi > budak nu dititah teu embol-embol. > > Kaayaan jiga di luhur teh sering kajadian di lembur > urang sorangan. Duka ieu teh tos jadi watek urang > kitu? Wallahualam. Contona bae lamun urang keur > guntreng gunem catur, ngabahas hiji pasualan, leodna > teh geuning duka kamana, sasambayan, ngarancabang. > Urang saliksik geura hiji kasus paguneman urang > sarerea, ngeunaan jejer "Kiai Khos ngaharamkeun milih > Mega." Eta jejer teh nu mimiti diposting tanggal 3 > Juni, nepi ka 6 Juni teh aya kana 33 postingan. > > Lamun ku urang diulak-ilik postingan teh akhirna mah > jejer jeung eusina teh geuning hese dipatalikeunana. > Tina jejer fatwa ulama ngeunaan pamingpin wanoja, > geuning eusina teh bet los-los kana nyandung, nyawah, > malah aya bedul sagala rupa. > > Wallahualam. > MH > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Friends. Fun. Try the all-new Yahoo! Messenger. > http://messenger.yahoo.com/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

