Lamun ngobrolkeun masalah korupsi, urang oge salaku rakyat sabenerna mah geus milu nga-reproduksi korupsi. Sagala urusan hayang gampang beres, antukna nyogok ka ditu ka dieu. Budaya ieu lila-lila jadi kabiasaan. Sing saha bae anu jadi pamingpin urang engke, lamun kondisi lingkungan teu acan mendukung mah pimanaeun korupsi bisa dikurangan.
 
Saperti ceuk Aa Gym, urang mimitian ti diri urang, misalna leuwih hade ditilang tibatan kudu nyogok mah, lamun kabeh US sadar, meureun saeutik-eutik budaya damai bakal ngurangan, nu antukna jadi leungit
 
Atuh geus jadi rahasia umum lamun di unggal taun ajaran sibuk neangan sakola anu hade, duit kaluar mah teu nanaon ... ieu oge salah salima urang nga-REGENERASI korupsi ... ngadidik nu jadi anak yen nyogok teh teu nanaon asal keur kahadean... naha eta keur kahadean ? wallahualam ..
 
Wassalam,
BS
oritate permai
----- Original Message -----
From: Abbas Amin
Sent: Wednesday, June 09, 2004 10:00 AM
Subject: Re: [UrangSunda] Wajib Milih Kang Agum -> Saur saha?

Saleresna mah , nu katingal JUJUR bari aya VISI kapayun , nyata Amien Rais ,
tapi ku margi di na waktos ayeuna kalintang sesahna ngamajukan Nagara teh ,
sesah alah batan nanaon , eta teh upami teu aya sabotase ; kantenan atuh
upami disabot ku tukang curaling mah , weu pamohalan maju ieu Nagara teh .

Ku margi kitu , masih leres oge Amien Rais teh , salah sawios Pamimpin anu
jujur , tapi aya manghanjelukeun upami misalna Sukses janten Presiden ,
teras engkena GAGAL ( kamungkinana aya kana 90% gagalna teh , duka upami aya
kajaiban mah ) ; leuh tada teuing harenghengna ieu Indon , lantaran moal aya
nu tiasa dipercaya deui ??
Sesah memang , teu acan REGENERASI Koruptor , aduh punten naha jadi Pesimis
pisan nya ?
Lantaran Realitana atuh da , kumaha ? Kapan cenah urang teh kedah realistis
, sajabi ti Optimis teh . Kapan ooptimisan mah , ngabohong ka diri pribadi ,
sanes kitu ?


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke