Saena urang ulah kumeok memeh dipacok. Tangtuna urang
kudu ihtiar kumaha carana sangkan ulah gagal. Tah
upami dina prakprakanana gagal alatan kajegal kunu teu
pararuguh, misalna nu dihandapna teu aya nu ngadukung,
nya kudu lillahita'ala; hartina diwangsukeun kanu
ngagaduhan alam dunya kalebet nagri ieu tos
dikeukeuweuk ku nu teu balener. Misalna dugikeun ka
dilengserkeun tina korsi presiden oge ceuk abdi mah
teu jadi halangan rintangan, malahan jadi bukti
sajarah Si A dilengserkeun alatan ngabela kabeneran.
Sabalikna lamun teu ngajalankeun tugasna saperti anu
tos dijangjikeun, anjeuna kudu rela lengser kalayan di
catet dina sajarah Presiden A lengser alatan ingkar
jangji.
Tegesna ceuk abdi mah, aranjeunna nu dipilih bakal
dipenta pertanggungjawabanna engke ku Allah SWT,
nyakitu deui urang sadaya nu milih,  bakal dipertang
gungjawab keun ka Allah SWT, milih pamingpin anu
kumaha. Cing saha wae capresna anu dipilih upami
didasarkeun ku lillahita'ala kalayan kanggo
kamaslahatan umat ditambih ku hasil nalar nu sehat,
insya Allah ceuk abdi mah bakal kenging ridho ti Allah
SWT, margi mung Allah anu uninga kana gerentes hate
mahlukna.

Tos ah geuning jiga nu nuju ceramah. Eh Punten abah,
ieu mah keur mapatahan sorangan, sugan wae jadi jalma
bener.

Jaka

--- Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Saleresna mah , nu katingal JUJUR bari aya VISI
> kapayun , nyata Amien Rais ,
> tapi ku margi di na waktos ayeuna kalintang sesahna
> ngamajukan Nagara teh ,
> sesah alah batan nanaon , eta teh upami teu aya
> sabotase ; kantenan atuh
> upami disabot ku tukang curaling mah , weu pamohalan
> maju ieu Nagara teh .
> 
> Ku margi kitu , masih leres oge Amien Rais teh ,
> salah sawios Pamimpin anu
> jujur , tapi aya manghanjelukeun upami misalna
> Sukses janten Presiden ,
> teras engkena GAGAL ( kamungkinana aya kana 90%
> gagalna teh , duka upami aya
> kajaiban mah ) ; leuh tada teuing harenghengna ieu
> Indon , lantaran moal aya
> nu tiasa dipercaya deui ??
> Sesah memang , teu acan REGENERASI Koruptor , aduh
> punten naha jadi Pesimis
> pisan nya ?
> Lantaran Realitana atuh da , kumaha ? Kapan cenah
> urang teh kedah realistis
> , sajabi ti Optimis teh . Kapan ooptimisan mah ,
> ngabohong ka diri pribadi ,
> sanes kitu ?
> 
> Abbas Amien
> 


        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke