Hahahahahaha ! Abah mah nyakakak oge seurina seuri koneng , kapiasem ; lantaran kataji ku mj , eta ku togmol pisan nyebutkeun US mah Cacing cauna ! hahahahaha . Eta teh lain heureuy saenyana mah . Memang kitu pisan kayaan US di na waktu kiwari . Sedih ? Memang ! Tapi dalah dikumaha da memang kitu geuningan ? Duka atuh US teh ku naon nya ? Padahal mah ari masalah penduduk mah kapan JAWA BARAT teh pang lobana dibanding wewengkon sejenna mah . Naaa ari Minangkabau , padahal rahayatna saeutik dibanding US mah , tapi diditu mah , kapan kuat pisan tah urang Padang teh ; teu aya weee kasempetan keur seke seler sejen teh !
Abbas Amien ----- Original Message ----- From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Wednesday, June 09, 2004 11:48 AM Subject: [UrangSunda] militer di us=potensi politis > > ku sabab ti beh ditu mula, yen US nu makalangan di jakarta teh, utamana dina urusan nagreg, kalolobana ti tangtara, da ongkoh aya dina wadah 'rejim militer' harita, nya meureun tinggal neruskeun we bari milu sabisa-bisa ngalelempeng, sangkan luyu jeung kahayang dina alam demoktarasi. > > ari demokrasi teh kieu: sora preman jeung sora profesor atawa kyai, sarua diitung hiji. eta teh conto ti nu khutbah jumaah di salman, basa si kuring keur gondrong. > > ayeuna urang nempo kaayaan US nu keur di luhur. kategori menteri. > di kabinet Mega+HH (gotong royong tea), aya US sababaraha hiji: > 1. (Nur) Hassan Wirayuda, menlu, -kalahiran Tangerang > 2. Rochmin Dahuri, menteri kelautan -urang Cirebon > 3. Agum Gumelar, menhub, urang Tasik. > 4. duka tah nu sejena. aya keneh teu menteri nu US? > > puguh nu wani nyalonkeun karep atawa dicalonkeun batur jadi capres mah euweuh da ongkoh euweh US nu jadi pupuhu Partey gede, aya oge Edi Sudrajat, parteyna gurem siga sireum. > > aya oge nu diajak ku PPP (Hamzah Haz) jadi cawapres. ngan Agum Gumelar. HH atawa PPP, nempona AG, sigana nu utamana, kasang tukangna nu militer jeung nu elitna (kopassus). faktor manehna US, sigana nomer sabelas, da US asana -ningal kaayaan mah- teu jadi itungan dina peta politik nasional, > > Tatar SUnda ngan ukur jadi lumbung sora, ngan ukur dipake jang hirup huripna nagara, ari jelemanana mah, teu pati jadi itungan. dina politik nasional ngan ukur cacing cau, bari teu baroga kokojo nu aya patalina jeung unsur emosional-primordial-etnisitas (nu heureutna we budaya sunda). batur mah nu kitu oge diparake. kaasup nu bobotoh ka NU-Jatim, Makassar, Iramasuka, jeung sajabana, geus puguh urang wetan umumna pro ka dulur saselerna. > > kajeun aya, ayeuna nu rek makalangan, ditaroongna ku sagala jurus, kaasup bongan militer. padahal mun manehna teu militer mah, pastina diliwat ku batur teh. potensina ngan di dinya keneh, lain us salaku hiji seler nu milu nangtukeun hideung bodasna nagara, nu keur jaman revolusi mah, milu boga saham gede. hal nu oge diaku ku BK nu nyarita kieu, "Indonesia kudu nganuhunkeun ka Urang Sunda!" > (sumber ti salah saurang sesepuh Siliwangi basa aya riungan inohong sunda di hotel Panghegar, basa aya kasus batutulis, yasana bandung spirit). > > cawapres US ti militer, siga jaman HMS basa capresna Alm. Umar Wirahadikusumah. Eta mah bisa jadi aya alesan sejarah (militer): basa HMS jadi Pangkostrad, UW jadi pangdam jaya. > > soal teritorial > beda jeung amrik. parteyna tangtu kudu geus sapartey, tapi aya saratna, mun capres urang kaler, cawapres urang kidul. kitu jurus standar di amrik mun hayang meunang. sabab urang kidul moal milih saha bae urang kaler. > > ongkoh parteyna ngan dua. teu pakepuk teuing. jadi faktor teritorial oge bisa jadi elemen penting. mun noong kadinya, mun seug jumlah penduduk bin populasi dijadikeun alesan oge, nya meureun urang jawa (jateng-jatim) kahiji, sunda-jabar kadua. > > Aya US sipil nu makalangan dina peta 'politik' nasional tapi dina jurusan lain, teu ancrub kana kakuasaan. Siga kang Erry Riyana Hardjapamekas, KPK; Teten Masduki, Mulyana W. Kusumah (KPU). > > nempona lain hayang US jadi dominan atawa jadi penguasa nasional, tapi dina raraga milu ngurus nagreg. susuganan ari loba US nu milu mah meureun, reueus ka urang, kabawa sumanget, jeung dina teu balegna urang bisa milu oge nyarekan ku basa urang, "Sing baleg gawe teh euy! ulah ngerakeun, siah! > > tapi ulah acan-acan geus neluh maneh, "ulah jadi cawapres, bisi ngarekeun! nya ari bade ngaku seler bangsa nu ngan ukur tukang ngerakeun mah mangga teh teuing...si kuring moal miluan tapi... > Mj > > http://geocities.com/mangjamal > > > > > Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

