--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kajeun aya, ayeuna nu rek makalangan, ditaroongna ku
> sagala jurus, kaasup bongan militer. padahal mun
> manehna teu militer mah, pastina diliwat ku batur
> teh. potensina ngan di dinya keneh, lain us salaku
> hiji seler nu milu nangtukeun hideung bodasna
> nagara, nu keur jaman revolusi mah, milu boga saham
> gede. hal nu oge diaku ku BK nu nyarita kieu,
> "Indonesia kudu nganuhunkeun ka Urang Sunda!"
> (sumber ti salah saurang sesepuh Siliwangi basa aya
> riungan inohong sunda di hotel Panghegar, basa aya
> kasus batutulis, yasana bandung spirit).

Lamun US hayang diperhitungkeun ku batur mah atuh
tangtu US teh kudu edun jeung hebring tea. US teh ulah
nyingkahan pulitik, kudu boga organisasi anu ngakar ka
rahayat. Jiga NU di Jatim, rayatna boga ikatan batin
nu kuat ka Kiai-na. Contona wae misalna Paguyuban
Pasundan, naha dulur kuring nu di lembur singkur, nu
di lamping pasir, nu di pahumaan, apalaeun naon ari
Paguyuban Pasundan teh. Wallahualam. 

Kaayaan gonjang-ganjing jiga ayeuna, kunaon loba US nu
kurang ngadukung ka inohongna, ceuk kuring mah lain
salah-salah teuing rahayatna. Para inohongna oge atuh
tangtu aya saham kana ieu kaayaan teh. Jadi keur
kuring mah kaayaan ieu teh bisa jadi pieunteungeun
keur inohong urang, para pamikir US, kunaon cenah
inohong tapi teu katoong ku rayatna. Kunaon cenah
mandahong, tapi rayatna teu apaleun.

Jadi ayeuna mah sok geura palikiran tah, kumaha supaya
SABILULUNGAN teh bisa jadi kanyataan. Ngarah inohong
teh katoong, mandahong teh moncorong. Meureun ieu teh
kudu aya proses gawe nu daria. Taliktik kunaon ari
batur bisa guyub. Jigana teu cukup ku PASRAH, da urang
mah 'pasolengkrah' tea, da urang mah 'individual' tea,
da urang mah 'merah-putih' tea. Jadi kumaha carana
supaya US teu pasolengkrah, teu individual, najan
penting 'merah-putih' tapi teu poho ka sala sorangan.

MH




        
                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Friends.  Fun.  Try the all-new Yahoo! Messenger.
http://messenger.yahoo.com/ 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
     http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
     http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke