Haturan Ua,
Paniciya teh sanes abdi, tapi Kang Eko tukang boboko nu urang bogor. Aeh tukang kiridit ketang. Upami leres bade di sukabumi, kalintang atohna kumargi keur saabdieun mah janten caket ti rorompok pun bapa. Parungkuda - cimalati mah mung ukur tilubelas lengkah buta (he..he...).
 
Keun atuh upami leres mah pais-pais oncom mah urang sayagikeun, urang oloan pun biang sugan emuteun keneh resepna, da ayeuna mah anjeuna teh tos teu sedep kana nu kitu, upami teu mendak burger, pizza, hot dog jeung sarupaning kadaharan bule sadinten teh sok rada muriangan saurna..he..he...punten ah heureuy....
 
Atuh sakantenan we urang muka acara kursus kilat nganyam hihid atanapi nyiru tea sajam dua jam mah, keun pun aki tutor na mah sugan puruneun...
-----Original Message-----
From: MSasmita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, June 09, 2004 1:16 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: [UrangSunda] Re: Silaturahmi KUSNET di Cimalati Sukabumi

Satuju......tangtos dina wanda hias.
cobian atuh ditingalian heula nu kumaha anu sae (anu payus).
 
MSas


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke