Saperti anu diiberkeun kamari, perkara noong urang sunda (US) make kacapanon batur. Ieu aya hiji deui iber anu aya patalina jeung US.
Lamun ninggal judulna mah - 'beja kabungahan' - jiga anu enya aya beja pikabungaheun. Ari ditengetan geuning ngan 'kabungahan' ceuk tilikan (sudut pandang) manehna hungkul. LAMPSTAND teh hiji strategi kontektual anu diwangunkeun ngawitan tahun 60-an pikeun program kristenisasi khusus keur US. Ieu strategi teh taya sanes ngagunakeun kultur budaya US - kayaning make basa panganteur basa sunda (BS), ngagunakeun musik sarta seni US - pikeun ngahontal maksudna. Naon anu matak kataji, ceuk kuring ieu mah, eta ku daria naker ari batur lamun boga gawe teh. Jeung mani gede hate pisan deuih. Geura eta wae tinggal, manehna sadar US teh mayoritas mulim, tina 35 yuta US ngan 15 rebu US nu karesten. Eta anu ngan 0.04% ceuk manehna mah signifikan cenah, jadi gede hate pisan. Dariana manehna digawe katinggali tina naon anu ku manehna digawekeun. Geuning ku manehna mah US teh disaliksik ti sisi ti gigir, pikeun neangan lolongkrang anu bisa dipake keur nyisipkeun misina. Eta wae ti mimiti mitos, legenda, bahasa, geografi, sosial, budaya, oge pulitik ku manehna mah kabeh dikotektak. Lamun urang nurutan cara gawe manehna - dariana jeung soson-sosonna - meureun moal pareumeun obor teuing US teh kana sajarahna, kana basana, kana budayana sorangan. Dokumen ngeunaan 'LAMPSTAND' aya di kuring, kira-kira 40-an kaca. Atawa tinggal geura di situsna http://www.sunda.org. Salian ti eta dokumen anu kamari, buku Sean Williams bab 1 oge aya, 30-an kaca. Ka nu minat mangga engke dijaprikeun. Salam, MH __________________________________ Do you Yahoo!? New and Improved Yahoo! Mail - 100MB free storage! http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

