Kimia (From Wikipedia) Kimia ngarupakeun élmu ngeunaan struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi unsur kimia jeung senyawa.
Table of contents 1 Cabang-cabang kimia 2 Konsép dasar 2.1 Tatangaran 2.2 Atom 2.3 Unsur 2.4 Senyawa 2.5 Molekul 2.6 Beungkeutan 2.7 Wujud zat 2.8 Réaksi 2.9 Téori kuantum 2.10 Hukum 3 Sajarah kimia 3.1 Étimologi 4 Tempo ogé 5 Tumbu kaluar jeung sumber séjén 5.1 Tumbu 5.2 Bacaeun salajengna Cabang-cabang kimia Kimia sacara husus dibagi kana sababaraha cabang utama, sababaraha nu sipatna lintas-disiplin, sarta cabang-cabang nu leuwih husus. Kimia organik Kimia organik ngarupakeun élmu struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi senyawa organik. Kimia anorganik Kimia anorganik ngarupakeun cabang kimia nu patali jeung sipat sarta réaksi senyawa anorganik. Béda antara disiplin organik jeung anorganik sipatna teu mutlak, malah loba tumpang tindihna, utamana dina subdisiplin kimia organologam. Kimia fisik Kimia fisik ngarupakeun ulikan ngeunaan dasar fisik sistem-sistem jeung prosés kimia. Kimia modern kalawan teges ngadeg dina dadasar fisika, sarta kimia fisik salaku tumbu langsungna. Widang ulikan nu penting di antarana térmodinamika kimia, kinetika kimia, kimia kuantum, mékanika statistis, jeung spéktroskopi. Biokimia Biokimia ngarupakeun ulikan ngeunaan bahan kimia, réaksi kimia, jeung interaksi kimiawi nu aya na organisme hirup. Kimia analitis Kimia analitis ngulik analisis sampel/conto bahan pikeun mikanyaho wangunan jeung struktur kimiana. Cabang Minor Élmu bahan, Kimia polimér, Kimia lingkungan, Farmakologi, Térmokimia, Kimia inti, Éléktrokimia, Kimia komputasional Konsép dasar Tatangaran Artikel utama: Tatangaran kimia. Tatangaran dimaksudkeun kana sistem pikeun méré ngaran senyawa kimia. Senyawa organik dingaranan nurutkeun sistem tatangaran organik. Senyawa anorganik dingaranan nurutkeun sistem tatangaran anorganik. Atom Artikel utama: Atom. Atom ngarupakeun bagéan tina sistem kimiawi pangleutikna nu teu bisa dibeulah/dibagi-bagi deui. Unsur Artikel utama: Unsur kimia. Unsur ngarupakeun bahan nu ngawengku atom-atom nu boga wilangan/jumlah proton nu tinangtu dina intina. Wilangan ieu dipiwanoh salaku wilangan atom unsur. Conto, sakabéh atom nu boga 6 proton na intina disebut atom unsur kimia karbon, sedengkeun sakabéh atom nu boga 92 proton na intina disebut unsur uranium. Pintonan nu pangmerenahna pikeun unsur-unsur aya dina tabel periodik, nu ngagolongkeun unsur-unsur dumasar kamiripan sipat kimiana. Daptar unsur ogé bisa ditempo dina wujud Daptar unsur dumasar ngaran, dumasar logo, jeung dumasar wilangan atom. Senyawa Artikel utama: Senyawa kimia Senyawa ngarupakeun zat nu dibentuk tina dua atawa leuwih unsur dina babandingan nu tetep nu nangtukeun wangunanna. Misal, cai ngarupakeun senyawa nu ngandung hidrogén jeung oksigén dina babandingan dua ka hiji. Senyawa dibentuk jeung dibeulah ku réaksi kimia. Molekul Artikel utama: Molekul. Molekul ngarupakeun bagéan pangleutikna nu teu bisa dibeulah deui tina hiji senyawa kimia nu mibanda sipat kimiawi jeung fisik unik nu tinangtu. Hiji molekul diwangun ku dua atawa leuwih atom nu kabeungkeut. Beungkeutan Artikel utama: Beungkeutan kimia. Beungkeutan kimia ngarupakeun gaya nu nahan ngabeungkeut atom-atom dina molekul atawa kristal. Dina loba senyawa basajan, téori beungkeutan valénsi jeung konsép wilangan oksidasi bisa dipaké pikeun ngaduga-duga struktur jeung wangunan molekular. Nu sarupa, téori-téori tina fisika klasik bisa dipaké pikeun ngaduga-duga struktur-struktur ionik. Mun diterapkeun ka senyawa nu leuwih rumit, samodél kompléks logam, téori beungkeutan valénsi gagal, jeung kudu aya pangaweruh nu leuwih jero nu dumasar kana mékanika kuantum. Wujud zat Artikel utama: Fase (zat). Fase ngarupakeun hiji wujud sistem fisik makroskopis nu mibanda wangunan kimia jeung sipat fisik nu rélatif sarua/saragam (nyaéta dénsiti, struktur kristal, indéks réfraktif, jsb.). Conto fase nu urang paling wawuh nyaéta padet, cair, jeung gas. Fase nu teu pati dipikawanoh di antarana plasma, kondensat Bose-Einstein, kondensat fermionik, jeung fase bahan magnetik paramagnetik sarta ferromagnetik. Réaksi Artikel utama: Réaksi kimia. Réaksi kimia ngarupakeun transformasi/parobahandina struktur molekul. Réaksi kieu bisa ngahasilkeun napelna molekul hiji ka nu séjénna pikeun ngawangun molekul nu leuwih gedé, beulahna molekul jadi dua atawa leuwih molekul nu leuwih leutik, atawa wangun-ulang atom-atom dina jero molekul. Réaksi kimia salawasna ngalibetkeun dibentuk atawa dipegatkeunna beungkeutan kimia. Téori kuantum Artikel utama: Téori kuantum. Téori kuantum ngagambarkeun paripolah zat dina skala nu pondok pisan. Ieu téh, prinsipna mah, ngamungkinkeun pikeun ngagambarkeun sakabéh sistem kimia ngagunakeun téori ieu, tapi sacara matematis rumit sarta teu bisa diduga-duga. Praktékna, ukur sistem kimia nu pangbasajanna nu bisa réalistis ditalungtik dina kontéks mékanika kuantum murni, ieu gé lumangsung maké loba pendekatan/perkiraan (misalna Density functional theory). Ku sabab éta, pangaweruh mékanika kuantum nu leuwih jero tur mérélé teu pati perlu pikeun kalolobaan kimia, da penting aubna téori ieu (hususna pendekatan orbital bisa dilenyepan sarta diterapkeun dina kontéks nu leuwih basajan. Hukum "Hukum-hukum kimia" sabenerna ngarupakeun hukum fisika hu diterapkeun na sistem kimia. Konsép paling fundaméntal dina kimia nyaéta Hukum konservasi massa nu ngunikeun yén teu aya parobahan kuantitas zat nu kaukur dina hiji réaksi kimia biasa. Fisika modern mintonkeun yén tétéla énergi nu conserved, jeung yén énergi jeung massa raketpatalina. Konservasi énergi saterusna nungtun kana konsép penting ngeunaan kasatimbangan, térmodinamik, jeung kinetik. Sajarah kimia Alkémi Discovery of the chemical elements Timeline of chemical element discovery Hadiah Nobel widang kimia Étimologi Prancis Kuna: alkemie; Arab al-kimia: seni transformasi. Tempo ogé Daptar jejer kimia Kimiawan jeung Daptar kimiawan American Chemical Society International Union of Pure and Applied Chemistry Téknik kimia Tabel periodik Daptar senyawa Daptar publikasi penting widang kimia Tumbu kaluar jeung sumber séjén Tumbu Bukutéks kimia umum na Bukuwiki Rohangan Tatangaran IUPAC (http://www.chem.qmw.ac.uk/iupac/), tempo hususna "Gold Book" nu ngandung pedaran ngeunaan istilah-istilah kimia baku Lambaran bahan kasalametan pikeun rupa-rupa bahan kimia (http://physchem.ox.ac.uk/MSDS/) Bacaeun salajengna Chang, Raymond. Chemistry. 6th ed. Boston: James M. Smith, 1998. ISBN 0071152210. Template:BranchesofChemistry Categories: Élmu alam | Kimia __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers! http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/