Kang Adnan, tiasa ngiring ngarope sakedik?
 
1) Tatangaran sigana langkung sae nulisna dipisahkeun : Tata Ngaran
2)  Kumaha upama "Senyawa" dina Basa Sundana jadi "Sanyawa"? merenah heunteu kitu nya?
3)  "lintas-disiplin" asana bisa keneh ditarjamahkeun ku "meuntas-widang kelmuan"
4)   "rumit " = pajeulit;  logo = lambang
5) dihandap aya keneh kecap "dibentuk" saena diganti ku "diwangun" atawa "dijieun"

Rupina sakitu bae heula.
 
Baktos,
manAR
"I.A. Adnan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kimia (From Wikipedia)
Kimia ngarupakeun élmu ngeunaan struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi unsur kimia 
jeung senyawa.

Table of contents 
1 Cabang-cabang kimia
2 Konsép dasar
2.1 Tatangaran
2.2 Atom
2.3 Unsur
2.4 Senyawa
2.5 Molekul
2.6 Beungkeutan
2.7 Wujud zat
2.8 Réaksi
2.9 Téori kuantum
2.10 Hukum

3 Sajarah kimia
3.1 Étimologi

4 Tempo ogé
5 Tumbu kaluar jeung sumber séjén
5.1 Tumbu
5.2 Bacaeun salajengna

Cabang-cabang kimia
Kimia sacara husus dibagi kana sababaraha cabang utama, sababaraha nu sipatna 
lintas-disiplin,
sarta cabang-cabang nu leuwih husus.

Kimia organik 
Kimia organik ngarupakeun élmu struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi senyawa 
organik. 
Kimia anorganik 
Kimia anorganik ngarupakeun cabang kimia nu patali jeung sipat sarta réaksi senyawa 
anorganik.
Béda antara disiplin organik jeung anorganik sipatna teu mutlak, malah loba tumpang 
tindihna,
utamana dina subdisiplin kimia organologam. 
Kimia fisik 
Kimia fisik ngarupakeun ulikan ngeunaan dasar fisik sistem-sistem jeung prosés kimia. 
Kimia modern
kalawan teges ngadeg dina dadasar fisika, sarta kimia fisik salaku tumbu langsungna. 
Widang ulikan
nu penting di antarana térmodinamika kimia, kinetika kimia, kimia kuantum, mékanika 
statistis,
jeung spéktroskopi. 
Biokimia 
Biokimia ngarupakeun ulikan ngeunaan bahan kimia, réaksi kimia, jeung interaksi 
kimiawi nu aya na
organisme hirup. 
Kimia analitis 
Kimia analitis ngulik analisis sampel/conto bahan pikeun mikanyaho wangunan jeung 
struktur
kimiana. 
Cabang Minor 
Élmu bahan, Kimia polimér, Kimia lingkungan, Farmakologi, Térmokimia, Kimia inti, 
Éléktrokimia,
Kimia komputasional 

Konsép dasar

Tatangaran
Artikel utama: Tatangaran kimia.

Tatangaran dimaksudkeun kana sistem pikeun méré ngaran senyawa kimia. Senyawa organik 
dingaranan
nurutkeun sistem tatangaran organik. Senyawa anorganik dingaranan nurutkeun sistem 
tatangaran
anorganik.

Atom
Artikel utama: Atom.

Atom ngarupakeun bagéan tina sistem kimiawi pangleutikna nu teu bisa 
dibeulah/dibagi-bagi deui.

Unsur
Artikel utama: Unsur kimia.

Unsur ngarupakeun bahan nu ngawengku atom-atom nu boga wilangan/jumlah proton nu 
tinangtu dina
intina. Wilangan ieu dipiwanoh salaku wilangan atom unsur. Conto, sakabéh atom nu boga 
6 proton na
intina disebut atom unsur kimia karbon, sedengkeun sakabéh atom nu boga 92 proton na 
intina
disebut unsur uranium.

Pintonan nu pangmerenahna pikeun unsur-unsur aya dina tabel periodik, nu ngagolongkeun 
unsur-unsur
dumasar kamiripan sipat kimiana. Daptar unsur ogé bisa ditempo dina wujud Daptar unsur 
dumasar
ngaran, dumasar logo, jeung dumasar wilangan atom.

Senyawa
Artikel utama: Senyawa kimia

Senyawa ngarupakeun zat nu dibentuk tina dua atawa leuwih unsur dina babandingan nu 
tetep nu
nangtukeun wangunanna. Misal, cai ngarupakeun senyawa nu ngandung hidrogén jeung 
oksigén dina
babandingan dua ka hiji. Senyawa dibentuk jeung dibeulah ku réaksi kimia.

Molekul
Artikel utama: Molekul.

Molekul ngarupakeun bagéan pangleutikna nu teu bisa dibeulah deui tina hiji senyawa 
kimia nu
mibanda sipat kimiawi jeung fisik unik nu tinangtu. Hiji molekul diwangun ku dua atawa 
leuwih atom
nu kabeungkeut.

Beungkeutan
Artikel utama: Beungkeutan kimia.

Beungkeutan kimia ngarupakeun gaya nu nahan ngabeungkeut atom-atom dina molekul atawa 
kristal.
Dina loba senyawa basajan, téori beungkeutan valénsi jeung konsép wilangan oksidasi 
bisa dipaké
pikeun ngaduga-duga struktur jeung wangunan molekular. Nu sarupa, téori-téori tina 
fisika klasik
bisa dipaké pikeun ngaduga-duga struktur-struktur ionik. Mun diterapkeun ka senyawa nu 
leuwih
rumit, samodél kompléks logam, téori beungkeutan valénsi gagal, jeung kudu aya 
pangaweruh nu
leuwih jero nu dumasar kana mékanika kuantum.

Wujud zat
Artikel utama: Fase (zat).

Fase ngarupakeun hiji wujud sistem fisik makroskopis nu mibanda wangunan kimia jeung 
sipat fisik
nu rélatif sarua/saragam (nyaéta dénsiti, struktur kristal, indéks réfraktif, jsb.). 
Conto fase nu
urang paling wawuh nyaéta padet, cair, jeung gas. Fase nu teu pati dipikawanoh di 
antarana plasma,
kondensat Bose-Einstein, kondensat fermionik, jeung fase bahan magnetik paramagnetik 
sarta
ferromagnetik.

Réaksi
Artikel utama: Réaksi kimia.

Réaksi kimia ngarupakeun transformasi/parobahandina struktur molekul. Réaksi kieu bisa
ngahasilkeun napelna molekul hiji ka nu séjénna pikeun ngawangun molekul nu leuwih 
gedé, beulahna
molekul jadi dua atawa leuwih molekul nu leuwih leutik, atawa wangun-ulang atom-atom 
dina jero
molekul. Réaksi kimia salawasna ngalibetkeun dibentuk atawa dipegatkeunna beungkeutan 
kimia.

Téori kuantum
Artikel utama: Téori kuantum.

Téori kuantum ngagambarkeun paripolah zat dina skala nu pondok pisan. Ieu téh, 
prinsipna mah,
ngamungkinkeun pikeun ngagambarkeun sakabéh sistem kimia ngagunakeun téori ieu, tapi 
sacara
matematis rumit sarta teu bisa diduga-duga. Praktékna, ukur sistem kimia nu 
pangbasajanna nu bisa
réalistis ditalungtik dina kontéks mékanika kuantum murni, ieu gé lumangsung maké loba
pendekatan/perkiraan (misalna Density functional theory). Ku sabab éta, pangaweruh 
mékanika
kuantum nu leuwih jero tur mérélé teu pati perlu pikeun kalolobaan kimia, da penting 
aubna téori
ieu (hususna pendekatan orbital bisa dilenyepan sarta diterapkeun dina kontéks nu 
leuwih basajan.

Hukum
"Hukum-hukum kimia" sabenerna ngarupakeun hukum fisika hu diterapkeun na sistem kimia.

Konsép paling fundaméntal dina kimia nyaéta Hukum konservasi massa nu ngunikeun yén 
teu aya
parobahan kuantitas zat nu kaukur dina hiji réaksi kimia biasa. Fisika modern 
mintonkeun yén
tétéla énergi nu conserved, jeung yén énergi jeung massa raketpatalina. Konservasi 
énergi
saterusna nungtun kana konsép penting ngeunaan kasatimbangan, térmodinamik, jeung 
kinetik.

Sajarah kimia
Alkémi 
Discovery of the chemical elements 
Timeline of chemical element discovery 
Hadiah Nobel widang kimia 

Étimologi
Prancis Kuna: alkemie; Arab al-kimia: seni transformasi.

Tempo ogé
Daptar jejer kimia 
Kimiawan jeung Daptar kimiawan 
American Chemical Society 
International Union of Pure and Applied Chemistry 
Téknik kimia 
Tabel periodik 
Daptar senyawa 
Daptar publikasi penting widang kimia 

Tumbu kaluar jeung sumber séjén

Tumbu
Bukutéks kimia umum na Bukuwiki 
Rohangan Tatangaran IUPAC (http://www.chem.qmw.ac.uk/iupac/), tempo hususna "Gold 
Book" nu
ngandung pedaran ngeunaan istilah-istilah kimia baku 
Lambaran bahan kasalametan pikeun rupa-rupa bahan kimia 
(http://physchem.ox.ac.uk/MSDS/) 

Bacaeun salajengna
Chang, Raymond. Chemistry. 6th ed. Boston: James M. Smith, 1998. ISBN 0071152210.

Template:BranchesofChemistry

Categories: Élmu alam | Kimia



__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate 
antivirusnya.

Yahoo! Groups Links






                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke