Innalillahi wainna ilaihi rojiun, mugia Ceu Eruk ditampi iman 
islamna, dicaangkeun alam kuburna, mugia sadaya nu dikantunkeun 
dipaparin katabahan.. Amiin 

Puguh harita kantos Teh Tien basa nj aya di Bandung ngajak ngalongok 
ceu Eruk teh, waktos kang Panzi di Bandung keneh, mung hujan ngecrek, 
dugi ka teu ciosna.. enjingna abdi nyuhunkeun alamatna ka kang Yaya, 
tadinamah bade dismskeun ka Teh Tien. Mung duka, teh Tien cios teu 
kaditu sareng kang Oman? 

Ari alamatna diserat dina keretas, disimpen dina erak buku di kamar, 
tadi sajorelat nempo eta keretas, asa inget ka Ceu Eruk, geuning tos 
teu aya dikieuna... 

Kapungkur kantos ngalongok, kantos sasalaman, ari saur anjeunna 
(almarhumah) "Hatur nuhun, nampi panglayad!", asa nongtoreng keneh na 
pangreungeu..   

~ipup~



--- In [EMAIL PROTECTED], Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Meunang dua minggu di Korea ngecrek bae, kakara poe
> ieu panon poe beunta.
> 
> Malem Saptu teh teu mondok pisan, ngarengsekeun slides
> pikeun seminar jeung ngarengsekeun eksperiment. Jam 6
> isuk poe Sabtu kakara balik ka panganjrekan, sanggeus
> baras-beres, dug sare, panto kamar teh "asanamah"
> dijeklekeun, da hayang sare nu nu tumaninah, kira-kira
> tabuh salapan korejat hudang, hudang soteh lantaran
> kadenge panto kamar teh aya nu mukakeun, eh..enya
> geuningan geus muka, hujan anger ngecrek, yakin euweuh
> sasaha. Boga rasa yen lanceuk keur gering parna, cenah
> sok aya kila-kila, terus kuring nelpon ka Bandung.
> 
> Ceuk Ema (pun biang), bari dareuda, yen Euceu teh geus
> parna pisan, malah ceuk Doktermah panon jeung ceuli
> geus teu "gawe". Peutingna malem minggu nelpon deui,
> teu kungsi nyarita jeung Ema ngan jeung alo bae, cenah
> Ema mah nuju netepan, Euceu teh cenah parna pisan.
> 
> Isukna poe Minggu, nelpon deui, telpon di Bandung teh
> sibuk, teu bisa kontak. Nya kapopohokeun rek nelpon
> teh, sabab di Seoul aya "murder" pembunuhan ku salah
> sahiji jalma nu boga panyakit sakalor, korbanna 26
> urang, 10 korban di ruang ditukangeun paguron tempat
> kuring gawe. Malem Senen loba babaturan, atuh
> kapopohokeun deui bae nelpon teh, aeh kungsi nelpon
> sakali tapi keur sibuk deui bae.
> 
> Tadi isuk kuring nelpon, Ema dareuda, "Yaya Euceu teh
> geus ninggalkeun kamari subuh, layonna geus geus
> dikurebkeun di lemur urang di Situraja, Sumedang".
> 
> Bulan kamari kuring ka Bandung, nepungan Euceu harita
> keur koma, basa kuring di Bandung, Euceu kungsi sadar,
> kungsi ngobrol silih lubarkeun kasalahan,
> hahampuraan,.....basa ninggalkeun Bandung hate asa
> balungbang timur. Tapi basa nguping Ema dareuda, hate
> bet ngarakacak. Sugan teh hate rek kuat, anger bae
> ngaleketey, Innalillahi wainnaillaihi rojiun.
> Kadeudeuh kuring jeung pangdo'a keur Eceu, Hj. Eruk
> Rukmini.
> 
> Neda sih pidu'ana, hatur nuhun, amin.
> 
> Tungtung Seoul,
> Yaya Rukayadi




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Reply via email to