Kang Yaya, hampura sim kuring rumasa joledar, nembe mariosan posting 
salira ngeunaan warta katunggaraan kulawarga salira.

Ngiring bela sungkawa anu saageung-ageungna ka salira oge kulawarga 
sanesna anu dikantunkeun ku almarhumah. Pamugi sadayana anu dikantun 
ku anu ngantunkeun aya dina kakiatan, sabar sinareng tawekal. "Innaa 
lillaahi wa Innaa ilahi rooji'uun".

Heunteu ka kakantun ka anu nu ngantunkeun, seja sambung du'a ti 
sadaya, pamugi Almarhumah, Hj. Eruk Rukmini binti abiha (punten sim 
kuring heunteu terang nami rama almarhumah) ditampi Iman sareng 
Islamna kalayan diluluran kaasih anu Mahawelas tur Mahaasih, kalebet 
golongan katuhu di alam kuburna, caang ngempray saterasna tug dugi 
ka dintenan urang sadaya dikempelkeun di padang mahsyar, kalebet 
ahli Surga kalawan heunteu kenging kasusah tawis bebendon anu 
Mahakawasa sateuacanna. "Rabbana atinaa fi dunya hasanah wa fil 
akhirati hasanah waqinaa adzaabannaar".

Sakitu bae, da sim kuring oge dareuda, emut harita waktu 
diparengkeun kungsi ngobrol sajongjonan sareng anjeunna.

Baktosna,
manAR

--- In [EMAIL PROTECTED], Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Meunang dua minggu di Korea ngecrek bae, kakara poe
> ieu panon poe beunta.
> 
> Malem Saptu teh teu mondok pisan, ngarengsekeun slides
> pikeun seminar jeung ngarengsekeun eksperiment. Jam 6
> isuk poe Sabtu kakara balik ka panganjrekan, sanggeus
> baras-beres, dug sare, panto kamar teh "asanamah"
> dijeklekeun, da hayang sare nu nu tumaninah, kira-kira
> tabuh salapan korejat hudang, hudang soteh lantaran
> kadenge panto kamar teh aya nu mukakeun, eh..enya
> geuningan geus muka, hujan anger ngecrek, yakin euweuh
> sasaha. Boga rasa yen lanceuk keur gering parna, cenah
> sok aya kila-kila, terus kuring nelpon ka Bandung.
> 
> Ceuk Ema (pun biang), bari dareuda, yen Euceu teh geus
> parna pisan, malah ceuk Doktermah panon jeung ceuli
> geus teu "gawe". Peutingna malem minggu nelpon deui,
> teu kungsi nyarita jeung Ema ngan jeung alo bae, cenah
> Ema mah nuju netepan, Euceu teh cenah parna pisan.
> 
> Isukna poe Minggu, nelpon deui, telpon di Bandung teh
> sibuk, teu bisa kontak. Nya kapopohokeun rek nelpon
> teh, sabab di Seoul aya "murder" pembunuhan ku salah
> sahiji jalma nu boga panyakit sakalor, korbanna 26
> urang, 10 korban di ruang ditukangeun paguron tempat
> kuring gawe. Malem Senen loba babaturan, atuh
> kapopohokeun deui bae nelpon teh, aeh kungsi nelpon
> sakali tapi keur sibuk deui bae.
> 
> Tadi isuk kuring nelpon, Ema dareuda, "Yaya Euceu teh
> geus ninggalkeun kamari subuh, layonna geus geus
> dikurebkeun di lemur urang di Situraja, Sumedang".
> 
> Bulan kamari kuring ka Bandung, nepungan Euceu harita
> keur koma, basa kuring di Bandung, Euceu kungsi sadar,
> kungsi ngobrol silih lubarkeun kasalahan,
> hahampuraan,.....basa ninggalkeun Bandung hate asa
> balungbang timur. Tapi basa nguping Ema dareuda, hate
> bet ngarakacak. Sugan teh hate rek kuat, anger bae
> ngaleketey, Innalillahi wainnaillaihi rojiun.
> Kadeudeuh kuring jeung pangdo'a keur Eceu, Hj. Eruk
> Rukmini.
> 
> Neda sih pidu'ana, hatur nuhun, amin.
> 
> Tungtung Seoul,
> Yaya Rukayadi
> 
> 
>               
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Vote for the stars of Yahoo!'s next ad campaign!
> http://advision.webevents.yahoo.com/yahoo/votelifeengine/



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Reply via email to