Kumaha upami eta kecap-kecap/kalimat-kalimat teh dilebetkeun kana "Kamus on-line" Pihatur
SSW bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Carita jaman baheula di pakgade, Patugas pakgade : Saha....ngaran....?? Nu rek ngagade : Ali.....! Patugas pakgade : padumukan dimana......?? Nu rek ngagade : Cingcin, Patugas pakgade : Naon anu rek di gade…..? Nu rek ngagade : Lelepen, Basa lemesna PAYUNG....PAJENG,....basa lemesna PAYU.......PAJENG.....tapi ari lemesna PAYUNG TEU PAJENG mah......... R U G E L ......!! he....he.....he... tah baraya ahengna basa sunda mah kitu jiga diluhur, naha dina basa seler sejen aya anu samodel kitu......?? Baraya,...ieu mah ti batan gado ngagayot, hatur lumayan keur ngabejaan barudak anu masih keneh sakola di sakola dasar atawa smp, lamun dina basa sunda teh aya kecap anu nibanda harti umum jeung harti husus, saperti kecap NYEUSEUH jeung SIBEUNGEUT Harti umum dua kecap eta sarua bae nya eta ngumbah atawa meresihan ku cai,harti hususna NYEUSEUH hartina ngumbah (meresihan) papakean, ari SIBEUNGEUT hartina ngumbah beungeut Kecap-kecap husus sejena anu mibanda harti umum ngumbah atawa meresihan ku cai nya eta : - WAWASUH atawa SIBANYO ,husus keur ngumbah suku jeung leungeun - MANDI, husus keur ngumbah awak - NGISANG atawa CECE....WALK, husus keur ngumbah......???? - NGISIKAN, husus keur ngumbah beas Cing.....kotektak.....naon.....deui....nya.......???? Salian kecap-kecap diluhur,kecap-kecap sejena anu mibanda harti umum jeung husus, diantarana wae anu hartina “NGALA” - MIPIT, husus keur ngala kembang - NGUNDEUR, husus keur ngala lalab - METIK, husus keur ngala buah - MUPU, husus keur ngala bungbuahan - DIBUAT, husus keur ngala pare - MARUK, husus keur ngala pucuk - NEKROK husus keur ngala daun Anu harti umumna “MAWA” - NANGGUNG, husus keur mawa make rancatan - NYUHUN, husus keur mawa diluhureun sirah - NGELEK, husus keur mawa dicepit ku ku kelek - NGAGANDONG, husus keur mawa dina tonggong - NGAJINGJING, husus keur mawa ku leungeun - NGAGEMBOL, husus keur mawa dina gembolan samping - NOGENCANG, husus keur mawa ku rancatan tapi ngan salayan - NGAGOTONG,husus keur mawa ku duaan Loba keneh kecap-kecap dina basa sunda anu mibanda harti umum jeung harti husus,kukituna ka kadang baraya anu kagungan peperenian perkawis ieu mangga ditambihan supadoslangkung euyeub......!!! Oby tea [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70 http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/