euleuhhhh teh tien kamana wungkul... hihihi..
damang teh...??? kumaha sabada nyasar ka saung pun biang teh..??? hehehe..
Tuda teh tien mah diwartosan ku abdi RW 06 malah los-losanana ka RW 03,
puguh we atuh moal kapendak... sigana nuju lulungu keneh nya teh..?? hahaha..
Hilap kamari teh, tadina mah bade dipoto teh tien basa di rorompok teh,
kanggo kenang-kenangan... tapi dasar ku hilap nya...
 
mangga teh tien wilujeng ngawarung deui...
 
Panzi
(Tos pendak sareng teh tien)
----- Original Message -----
From: teh tien
Sent: Sunday, July 25, 2004 9:54 PM
Subject: Re: [UrangSunda] Reueus ku Krakatau-Reueus ku Sundana

Haturan kang Yaya, miwah kasadayana pala wargi di lembur kusnet.........Kumaha daramang....?
Si teteh teh geus lawas teu ngulampreng ka lembur , jalarana......hareeng wae kompina, teu bisa kumaha bati sono wae ka urang lembur. Ari dilongok teh ...tos ngaburayot serelek  dugi ka 2600 email.Tuh......basa sunda jeung nulis ge jadi ngatog deui yeuh.....ah, urang ngamimitian deui wae ulubiung......sugan moal hareeng .......
Ka Neng Pupi sing sobar geulis, nampi cocobi, dak dumadk waktos teteh di bdg, tos saged bade ngalongok alm rama neng pupi di RS, tapi harita hujan ageung.......hanjakal ngalongkok teh teu janten, enjingna teteh ka JKT, punten atuhnya si teteh.
Kang Yaya, kumaha wartosna tos lami nya teu tepang sareng teteh........kumaha tos langsing teu acan ? teteh mah kieu wae sesah kempesna, angger wae ,,,jiga kapungkur...he he
Kang Osam damang...? neng Ani iraha urang tepang...? teh Nety.....tos damang kitu? atuh kasadayana wae nya...kang sidik damang.....?
Kum wae kasadaya ..........mani sono si teteh, tos heula...bilih hang..........he he
 
Baktos
 
ten tien


Komunitas UrangSunda --> http://www.UrangSunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to