hmmm.. karunya euy baraya kuring...
cup..cup..cup.. keun wae, sing sabar.. kin aya gentisna anu langkung... panginten kang Yaya sareng Ua Siddik teh hilapeun, tos biasana ari jalmi mah sok hilap,,,, atanapi pas nuju diajakan Jengkol Party kang Ijay kaleresan teu aya... janten panyangkina aranjeuna teh kang Ijay tos dibopong ka ruangan kasehatan... mung nu ngarawatna sadaya Wanoja Korea anu amucuyyy.. janten teu wasa bade ngagangguna..
 
heuheuy deuh... punten ahhh...
 
Baktosna,
* Uing mah hayang Semur Jengkol.. Jikun teu daekeun mang masakkeun euy.. kieu ari kiwin jeung Jawa teh...
-----Original Message-----
From: rizallul haq [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, August 03, 2004 8:12 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] asa di anak tirikeun kusnet seoul

Kuring cerik baririhan pas maca yen warga kusnet seoul emam jengkol di bumi pak dudung, padahal waktu maen ball jisim abdi teh janteun kiper nu matak kabobolan tilu gol oge, tapi nyalametkeun sapuluh kali tendangan maut orang korea, nepika adug lajer, ngajengkang, tiguling, kokosehan ngan saukur keur mempertajankan gawang, emut kana lagu nu sok dengdangkeun " cihoncewang sumoreang tea"
 
duh gusti dosa naon abdi ka pak dudung tur kang yaya anu tos tega micen tur tega teu ngajak jengkol party. ieu bener bener pelanggaran hak azasi manusia, punteun jeung tong rewas abdi bade lapor ka mahkamah konstitusi.
 
wassalam
jay's
jajaka rahet hatena


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to