Kang, punten dupi cara ngubaranana dikumahakeun tah si bawang beureum teh?

nuhun,
nana

-----Original Message-----
From: bosetektea [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, August 04, 2004 2:33 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] BAWANG BEUREUM


Leres pisan sakumaha anu di posting ku mama MANAR,

satiap panyakit aya obatna, lamun kapanggih obat anu cocog 
pikeun hiji kasakit, anu katarajang panyakit tinangtu 
cageur ku widi jeung ijin Allah Azza waJalla (HR Jabir 
r.a)

ieumah ngiring ngareuah-reuah perkawis pangobatan 
alternatif,mangga nyanggakeun

Ismail Abdul Muthallib Al-Khatib dina buku Bawang beureum 
dina Pangobatan Islam netelakeun yen bashal atawa bawang 
beureum salian ti bungbu dapur bisa oge dipake pikeun 
nyageurkeun kasakit saperti :

- bawang beureun dicampur uyah bisa ngaleungitkeun kutil
- zat pikeun ngalancarkeun BAK & BAB
- Mules beuteung, teu ngeunah beuteung
- Antibiotik anu leuwih alus dibanding pinisilin atawa 
aeromisin
- Ngawatesanan kadar gula dina getih
- Bahan nguatkeun tanaga sek

ngubaran ngagunakeun bawang beureum sabenerna mangrupa 
saran pangobatan alternatif anu datangna ti kangjeng rosul 
sakumaha hadis diluhur. Asbabun nuzul (sabab-sababna turun 
hadis) medal samangsa abu daud kungsi ditalek ku sahabat 
ngeunaan bawang beureum jeung hasiat anu dikandung. Abu 
daun ngajawab panalek eta ku hadis anu disebut diluhur

abu daud  dina karyana As-Sunan medar khasiat bawang 
beureum anu loba mangpaatna pikeun nyageurkeun rupaning 
panyakit.

Oby tea (dicutat tina Hidayah edisi 32)



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke