aya tambahan ti kuring, perkara hasiat bawang beureum.
ieu mah pernah kaalaman ku kuring sorangan. nalika
katarajang panas awak, hareeng tea meureun ari keur
budak mah. terus awak teh dibalur ku rendos bawang
beureum. eta mah cekgur pisan, awak anu panas nyongkab
teh rerep. duka timana resepna tah. sarta naha tos
ditalungtik kuring ge teu apal.
salam,
mh
--- bosetektea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Leres pisan sakumaha anu di posting ku mama MANAR,
>
> satiap panyakit aya obatna, lamun kapanggih obat anu
> cocog
> pikeun hiji kasakit, anu katarajang panyakit
> tinangtu
> cageur ku widi jeung ijin Allah Azza waJalla (HR
> Jabir
> r.a)
>
> ieumah ngiring ngareuah-reuah perkawis pangobatan
> alternatif,mangga nyanggakeun
>
> Ismail Abdul Muthallib Al-Khatib dina buku Bawang
> beureum
> dina Pangobatan Islam netelakeun yen bashal atawa
> bawang
> beureum salian ti bungbu dapur bisa oge dipake
> pikeun
> nyageurkeun kasakit saperti :
>
> - bawang beureun dicampur uyah bisa ngaleungitkeun
> kutil
> - zat pikeun ngalancarkeun BAK & BAB
> - Mules beuteung, teu ngeunah beuteung
> - Antibiotik anu leuwih alus dibanding pinisilin
> atawa
> aeromisin
> - Ngawatesanan kadar gula dina getih
> - Bahan nguatkeun tanaga sek
>
> ngubaran ngagunakeun bawang beureum sabenerna
> mangrupa
> saran pangobatan alternatif anu datangna ti kangjeng
> rosul
> sakumaha hadis diluhur. Asbabun nuzul (sabab-sababna
> turun
> hadis) medal samangsa abu daud kungsi ditalek ku
> sahabat
> ngeunaan bawang beureum jeung hasiat anu dikandung.
> Abu
> daun ngajawab panalek eta ku hadis anu disebut
> diluhur
>
> abu daud dina karyana As-Sunan medar khasiat bawang
>
> beureum anu loba mangpaatna pikeun nyageurkeun
> rupaning
> panyakit.
>
> Oby tea (dicutat tina Hidayah edisi 32)
>
>
===========================================================================================
> "Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di
> www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses
> Internet Gratis..
> Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour
> S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim
> 0-800-1-467826 "
>
===========================================================================================
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Domains - Claim yours for only $14.70
http://us.click.yahoo.com/Z1wmxD/DREIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/