Sami ani ge ngiring bingah ka Ua Sas nu tos kapilih janten ketua RT, manai kapayun teras ngaclok janten Ketua DPRD JABAR Amin ya Alloh ya Robbal'alamin...
neng an.. -----Original Message----- From: kang_boim [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, August 18, 2004 8:56 AM To: [EMAIL PROTECTED] Subject: [Urang Sunda] Re: jadi Ketua RT Haturan...Ua Sas damang...? (eh Pak RT...punten) Wilujeng...mudah-mudahan dina nyangking ieu amanah ua dipaparin kakiatan sarta kalancaran ku Allah Swt. Mun inget kana soal pamilihan RT teh sok ras emut kana mangsa 5 tahun ka tukang, harita sami sim abdi ge diperedih sangkan jadi calon RT soka padahal harita teh dumuk di wewengkon anu ayeuna dicicingan teh karek jalan 3 taun. Atuh ku dasar eta sareng aya anu leuwih senior ti sim abdi nya ditolak sok sanajan dina prungna mah anggeur maju (pormalitaslah). Ari hate mah sok ngarasa bungah rehna geuning geus aya nu mercaya sok sanajan teu bodo-bodo acan, sigana alatan jiwa organisasi nu kuat nyangkaruk na diri abdi. Tapi kadang ieu teh teu sapagodos jeung pamadegan indung budak alatan manehna mah kurang resep kana ruang-riung teh (bubuhan awewe meureun). Leres pisan Ua pami diniatan ibadah mah sok karaos hampang tur asa garampang lamun aya masalah teh. Sakali deui wilujeng mancen tugas kanggo Ua Sas, mugia aya dina kalancaran. Nuhun. Cag...ah, BM'69 (nu ngiring bingah tur reueus...) --- In [EMAIL PROTECTED], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Nya ti mimiti tanggal 12 Agustus 2004 kuring nyangking kalungguhan jadi > Ketua RT, orokaya sanggeus jadi ketua teh geuning kudu rada loba kaluar > peuting, ngajak ngobrol jeung Satpam, ondangan gapleh...jrrd...! > Teuing atuh ieu kalungguhan teh bakal aya mangfaatna atawa bakal > gaplah...?...ari ceuk hiji sesepuh mah "...niatkeun ibadah we..." ambih > hampang karasana. > > Eh...baraya...Insya Alloh dina kaping 21/8/04 bada isya di rorompok sim > kuring bade ngayakeun Pasanggiri Maca Carpon bilih bade ngaluuhan mangga > diantos...!! > > MSasmita Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

