Nuhun ka sadayana nu ngawilujengkeun pedah si kuring jadi Ketua RT. Ketua RT...? Pangna si kuring nyerat masalah ieu teh, hapunten, sanes pedah agul,....nu janten pamiangan sim kuring pangna nyerat masalah ieu teu aya sanes nu janten kasang tukangna pangna sim kuring narima ieu amanat, nyaeta kaingetan ku hasil padungdengan di Kusnet taun-taun kapengker, sareng aya hal anu rada husus keur diri sim kuring. Nu rada husus teh nyaeta : Kajadianana basa ngawangkong sareng tatangga sababaraha jalmi, diantarana aya jalmi anu naros naha di Rumah Baca nu aya di sim kuring teh malulu buku Sunda atanapi henteu.., harita sim kuring ngajawab seueur buku sanes salian ti buku basa Sunda. Inyana nyarita deui bari rada nereg, yen basa daerah teh di Indonesia mah teu perlu dimumule, sabab bisa jadi bakal jadi bibit buit kadaerahan anu antukna bakal ngabengkahkeun NKRI. Harita kuring rada ngajenghok kana pamadeganana, nya sim kuring ge nembalan teu eleh nereg bari jeung sabalikna kana pamadegan inyana. Dina paduregeng teh sarua papada embung kasoran, ngan untung aya anu misah anu nyalenggorkeun obrolan ka masalah sejen. Nya ti dinya, sim kuring rada sumanget narima jadi Ketua RT, bisi kapiheulaan ku inyana....! tah palebah dieu kuring jadi rada subjektip dina narima amanah. Tapi sisi lain kuring ge ngahiap inyana sangkan daek dijadikeun salah saurang ketua seksi nu aya di RT, kabeneran inyana daekeun. Keur sim kuring nu beda pamadegan kudu dikokolakeun (dikelola?) sangkan jadi hiji kauntungan,....tapi alhamdulillah dina Pasanggiri Maca Carpon Sunda ge inyana geus daftar rek ngiluan, tapi memang kelompokna dibedakeun dina penjurianana/ pangajen antara US pituin jeung US mukimin...!!
Naha aya Urang Sunda nu gaduh pamadegan yen basa Sunda teu kedah dimumule lantaran bisi ngabalukarkeun sikep kadaerahan nu antukna bakal ngabengkahkeun RI..? Padahal basa teh hasil budaya anu pangnyongcolangna, nu pangkarasana, nu pangkacirina,lamun tea mah basa Sunda paeh.....eta hartina US geus euweuh. MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

