Neng...
milarian pibatureun hirup anu sampurna mah moal manggihan boh pisalakieun
boh pipamajikaneun..
contona kuring, rumasa pangawakan pend�k, hayang meunangkeun jikun teh anu
jangkung, lenjang, pinter jeung sa awidah utamanamah... unggal meunang
bebende teh pasti jarangkung leutik ceuk teh Icho mah kutilang darat cenah,
tapi geuningan da angger kunu kawasa dijodokeunna anu jeung sahandapeun
jangkungna, tapi Alhamdulillah sa Aqidah jeung ngarti agama sanajan ditungna
can bener oge.. tapi lumayan jang pibekeleun ngadidik anu jadi anak.

kakurangan jeung kalewihan ti pasangan urang kumaha carana ti pasangannana
anu matak bisa silih tutup jeung silih ingeutan tea...
utamana anu jadi salaki, salaku pamingpin kudu bisa ngadidik anu jadi
pamajikan.. oge anu jadi pamajikan kudu bisa ngingeutan bisi anu jadi salaki
salah lengkah...

nu matak dimana aya jodona, tingali akhlaq na alus.. tampi wae... kuring
ngaku bengal, badung, baong.. tapi ku leukeunna anu jadi calon jikun jeung
kanyaah kuring anu gede, bisa rubah.. sanajan can bener alus utamana tina
ngalakukeun kawajiban salaku muslim...

ahhh tos ahhh ngacapruk wae ieu teh... sok inget kanu jadi lanceuk
beuteung.. unggal aya anu ngalamar pasti wae teu cocog... aya kamari cocog
abong adat meureunnya, cenah tanggal lahirna teu cocog jeung lanceukna jikun
tungtungna mah bedo..

cag...

Baktosna,
Ayah Amel... keur diajar jadi pamingpin di kulawarga...

-----Original Message-----
From: Ani Puspita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, August 18, 2004 9:40 AM
To: '[EMAIL PROTECTED]'; R. Duli Dimyati D.
Subject: RE: Re[2]: [Urang Sunda] PENGUMUMAN


Assalamu'alaikum wr.wb.
Wilujeng anjing baraya.....

Simkuring ngawakilan kaum hawa Us nu masih keneh Jomblo :)
Memang leres yen seueur kaum hawa nu nuju nganti lamaran ti kaum adam,
kumargi budaya urang nu kabiasaan na kaum hawa di pinang ku kaum adam, sanes
sabalikna sapertos kantos dicontokeun ku Siti Khodijah nalika ngalamar
Rasulullah atanapi sapertos sayidina Abu Bakar sareng Ummar nu nawiskeun
putri-putrina kanggo dilamar.

Mung ngahanjakalkeun rehna seueurna kaum adam (teu sadayana, hapunten)
nargetkeun istri teh anu sampurna ti raga dugi ka jero dada (manah) malihan
mah aya di antawisna nu nargetkeun istri teh kedah tiasa ningkatkeun pamor
anjeuna di Masyarakat. Janten sanes semata-mata karena Alloh Ta'ala. Padahal
mah apanan saha jalmina boh istri oge pameget nu sampurna, sapertos :
agamina sae, rupina geulis, uteukna motekar, berfikirna kreatif, cerdas,
supel, jrrd. Tangtos aya cawadeun nana mung nu kedah diutamikeun mah saurna
agamina, tah sok arisin ari nyebatkeun agami teh rumaos pangpangna jomblo
keneh teh Islam abdi nu teu acan leres, tebih ketang kana kecap leres
teh......heuheueheu...!!

Sesah milarian pameget nu nikah mung karena Alloh Ta'ala....
Panginten ieu mah, kumargi kasus di luhur nya aya sababaraha kajantenan
wanoja nu dileuleuheungkeun ku kaum Nasrani nu katinggalna tulus "nampi
calon istrina saayana" janten we seueur nu hijrah.

Neda dihapunten bilih seueur lepatna, utamina ka kaum adam nu rumaos
hehehehe.....
Upami teu aya nu protes berarti teu rumaos hahahaha (maksa nya ...!!!)


neng an......
Sagaur-gaurna maung kantos NGUDUPRAKH....!!!


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke