euleuh... ieu aya urang walanda euy, kumaha damang teh neneng..?
masih sok muterkeun kincir angin di walandana... heuheuheu..
 
mangga wilujeng ngariung mungpulung sareng baraya Urangsunda nu aya di sakuliah dunya,
tong isin-isin lebet kadieu mah, da sadayana baraya urang,
urang sakalian diajar basa sunda sareng kabudayaanana,
 
baraya... ieu teh neneng teh rerencangan abdi di YM, mangkalna sok di room bandung 1,
katelahna neneng burinyay.. duka naon anu ngaburinyayna... hahaha..
kamari ku abdi dikritik, pedah lebet ka lembur bakus cologog, teu nepangkeun teu naon,
ujug-ujug nyuhunkeun lirik tembang Hariring kuring... heuheuheu...
 
ssstttt... ningal dina potona,
beu.. teh neneng mani geulis euy, hanjakal tos aya carogean... hahaha...
 
cag ahhh....
 
Panzi  <<<< tah teh neneng, ieu nami abdi nu aslina mah...
Kenzi <<<< ieu mah nami pun anak... heuheuheu..
(teh neneng mah terang ka abdi teh namina Kenzi)
----- Original Message -----
Sent: Thursday, August 19, 2004 2:30 AM
Subject: RE: Re[2]: [Urang Sunda] PENGUMUMAN

Muhun nya teh da ari nu nami na jodo mah geuning jorok
saur sepuh mah.
Eta weh geuning nya abdi teh da teu resep ka urang
bule teh ih asa na teh meni bau hanyir kituh pami
ningal urang bule teh. Da ti alit keneh abdi mah teu
resep na teh pedah weh da abdi oge ku pun biang teh
sok di ledekan wae cenah anak bule kituh, janten weh
teu pati resep ka bule na ari ayeuna na kadon kenging
ka urang bule atuh....hihihi muhun eta geuning nu di
sebat jodo jorok teh.

Eh punten da abdi teh teu acan nepangkeun geuning nya
? abdi mah teu acan lami didieu teh da aya panginten 7
dinten mah.
Nya sakantenan weh atuh nepangkeun ka sakulawargi
urang sunda nu aya dimana wae.
Hapunten bilih aya lepat ucap sareng lepat serat.

wassalam
Neneng


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke