Punten.. ngiring mairan...

Perkawis papasangan (jodo), eta kalebet salah sawios di antawis tilu rahasia Gusti Alloh kanggo manusa, anu sanesna nyaeta kalahiran sareng maot.  Kumargi watekna "rasiah" tangtos henteu aya jalmi anu tiasa mastikeun, si anu jodona ka anu... sareng tangtos parantos aya papastenna, si anu jodona sareng si anu.. atanapi.. si anu diparengkeun henteu ngajodo...

Anu penting kanggo urang, pangpangna umat Islam:

1. Ngaguduhan niat  kanggo rumah tangga, nya ngajodo tea, tapi niatna omat ulah lepat.. niat anu poko/utamana pisanmah nyaeta kanggo ibadah, kenging pisan ditambihan ku niat anu sanesna... supados aya anu ngeukeupan, cukang kanggo kenging turunan, anu ngawulaan masak-nyeuseuh, jrrd.

2.  Ngagaduhan "waragad" kanggo ngabina rumah tangga.  Utamina kanggo pameget anu baris nyepeng kapala rumah tangga wajib kanggo nyumponan nafkah.  Oge kanggo istri.. peryogi pisan kamotekaran ngokolakeun rumah tangga...

3. Ihtiar.. dina raraga patepang sareng ngajalanan sareng jodo urang tea.  Ihtiarna saenamah kedah komplit.. ihtiar batin (ngado'a ulah kendat, boh jinisna boh sepuh/walina) sareng ihtiar lahir... Upami wantun sareng aya jalan tiasa kunyalira...atanapi tiasa oge dijalanan ku anu sanes (ku sepuh/walina, ku rerencangan, ku media naon wae...  Rupinamah aya mangjuta-juta jalan dina perkawis ihtiar ieu...

Memang kaseuseuran jalmi.. gaduh kahoyong ngengingkeun anu pang-sampurna-na.  Upami eta anu dipalari... dijamin.. moal kantos tinekanan.  Tapi.. upami anu dipilari teh, jinisna anu parantos ditakdirkeun janten papasangan urang, InsyaAlloh upamana urang ditakdirkeun gaduh pasangan, tangtos bakal tinemu. 

Soal kurang leuwihna pasifatan anu aya di pasangan urang... etateh kaayaan anu kuurang kedah disikapi...ku sabar sareng syukur.  Oge diri urang nyalira.. kedah sadar terutami kana kakurangan diri.. Dimana aya sifat leuwihna.. omat ulah jadi asa aing.. sing ajrih... Da istrimah ngahormatna ka caroge teh bakatku ihlas.  Kitu deui caroge nyaahna ka istri oge bakatku ihlas.  Ihlas paamprok jeung ihlas.. dihiasan ku sabar sinareng syukur...InsyaAlloh jadi kulawarga mawaddah-warahmah.

Hapunten bilih kapanjangan... sareng bilih aya anu kirang merenah...

Wassalamu'alaikum,

Ahmad, nuju diajar janten caroge, kapala rumah tangga, ayah Falhady&Ahmalia


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail is new and improved - Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke