Baraya, 
tah aya mantan intel ngaguar kanyataan sosio-politik
urang. Djuanda. 

Sugan aya mangfaatna. 

baktos, 
tantan


        
Tina: galura online


"DJUANDA: Kungsi Dianggap Ngariweuhkeun"

GEUS nyedek ka tengah peuting harita teh. Hawa di Bumi
Perkemahan Ranca Upas, Ciwidey, Kabupaten Bandung,
karasana beuki tiris. Najan kitu di lapang paranti
kemah masih keneh nembongkeun rupa-rupa kagiatan.
"Abdi teh ngantosan Kang Djuanda, saurna bade masihan
wejangan," cek salasaurang nonoman.
Peuting eta, malem Jumaah (05/08) memang Djuanda,
salahsahiji inohong Sunda di Jakarta nu ngaranna
moncorong dina widang sosial, politik, jeung hankam
(pertahanan dan keamanan) dijadwalkeun ceramah ka
nonoman nu keur dilatih ku Gerakan Masyarakat Jawa
Barat (Gema Jabar). "Kedahna mah tabuh tujuh," cek
nonoman tadi.
Sabot ngadagoan Djuanda, paranonoman teh
ngalaksanakeun kagiatan nu aya patalina jeung
pelatihan, najan acarana geus beak oge. "Kang Djuanda
nyalira hoyong pisan nyarios dipayuneun paranonoman,"
cek Gili, salahsaurang panitia nu kuliah di ITB.
Djuanda teh hayang mere sumanget ka nu milu pelatihan.
Kasabaran paranonoman teh teu gaplah. Kira pukul 11
peuting anu dianti teu burung datang. Paranonoman,
awewe lalaki nu jumlahna kurang leuwih 100 urang teh
arasup ka tenda badag, dibarengan ku sababaraha
instrukturna. "Akang udar-ider heula ka wilayah
Priangan, ka Tasik, ka Garut, ayeuna malem Juma'ah,
pan? " cek Djuanda.
Ieu pangsiunan perwira Angkatan Laut, sarta pangkat
pangahirna kolonel teh ayeuna mah lain ngan ukur
ngagugulung masalah sosial, politik, jeung hankam,
tapi oge kasundaan jeung sambarana; mistik. Nyarita
Sundana oge bentes pisan, henteu tag-teg-tog atawa
kamalayon. "Da Akang mah urang Sunda," pokna tandes.
Djuanda nu lahir di Bandung 10 Desember 1959 sarta
ayeuna matuh di Jakarta, teh memang kaasup inohong
Sunda nu masagi dina sual pangaweruh jeung kanyaho
mah. Malah naon-naon nu teu kapikireun ku masarakat
umum, ku inyana mah geus kajudi jeung geus kateguh.
Kaasup kajadian nu bakal lumangsung.
Jadi paranormal atawa dukun? Djuanda teh basa dines di
militer, Angkutan Laut, asup kana Badan Intelejen
Strategis (BAIS) nu ngaranna ayeuna jadi Badan
Intelejen Nasional (BIN). Pangna jadi intel, Djuanda
nu kungsi kuliah di ITB, Unpad, teh lantaran dina elmu
kamiliteranana nyongcolang.
Basa sakola militer di Amerika Serikat nu diiluan ku
perwira-perwira ti sababaraha nagara peunteunna kacida
nyugemakeunana. Teu aneh mun ku kesatuanana, Angkatan
Laut, Djuanda diarambeuan jeung diarajenan. "Basa keur
ngageder reformasi, Akang kungsi aya nu ngudag-udag,"
cek Djuanda
Ku kepala stapna, Djuanda teh dipenta tulung, kumaha
carana ngajaga kaayaan nagara, babakuna ngajaga
sangkan kaayaan teu ngabalukarkeun korban jiwa deui.
"Akang terus ngaprak ka kampus-kampus bari demit, ku
kituna aya nu curigaeun tepi ka ngabeberik," pokna.
Djuanda disangka ulon-ulon nu ngariweuhkeun.
Bubuhan intel, Djuanda bisa ngabalicet tepi ka teu
bisa katewak. Atawa bisa jadi, kanyahoan manten
identitasna, ahirna teu tulus diuudagna. Hasil tina
tarekah kesatuan Djuanda tea, mahasiwa sakapeung dina
nyoarakeun reformasi, mindeng kadenge ngagorowok
"Hidup Marinir...! Hidup Marinir...!"
"Eta kaayaan geus kaliwat, nu penting ayeuna kumaha
carana urang bisa ngeusian pajamanan nu geus robah,"
cek Djuanda nu oge ahli geopolitik. Nagara urang teh
dina kaayaan batan sakieu, sagala rupana ruksak.
"Etika, moral, geus rag-rag ka tingkat nu panghandapna
nu ku urang kudu diangkat deui ka luhur," pokna.
Djuanda nyebutkeun urang kudu babarengan dina ngomean
nagara, paling henteu ngomean dirina sorangan. "Pikeun
ngalegaan ambahan, urang kudu jadi pamingpin dina
widangna masing-masing," pokna. Urang oge perlu
ngarebut kasempetan jadi pamingpin dina harti nu
sabenerna, pamingpin nu aya patalina jeung politik.
"Naon pangna anggota DPRD Jabar periode samemehna loba
nu lain urang Sunda? Sabab urang Sundana teu hudang,
teu hojah! Naon sababna urang teu jadi anggota dewan?
Sabab urang henteu ngarebut kasempetan, balukarna eta
kasempatan teh direbut ku deungeun. Anu salah mah
urang sorangan," cek Djuanda tandes.
Bisa jadi urangna, tambah Djuanda, teu nyaho kumaha
jeung naon jeron-jerona politik sarta teu ngarti
kumaha cara ngayunkeun jeung ngigelanana. "Atawa urang
sieun ancrub kana politik, da teu boga elmuna, teu
boga strategina, jeung teu nyaho kana kaayaan tepi ka
poekkeun, teu bisa manggih jalan, " pokna.
Dina kamandang Djuanda, politik teh elmu sarebu
beungeut. "Tapi lain hartina urang kudu lolondokan,
dina daun kulitna jadi hejo, dina taneuh kulitna jadi
coklat, eta mah salah pisan," pokna. Elmu sarebu
beungeut ieu angger nu jadi tinimbanganana mah
itungan-itungan strategis ngarah urang bisa ngarebut
kasempetan.
Djuanda nyebutkeun nu ancrub kana politik mindeng
kagendam ku nu disebut demokrasi nu
digembar-gemborkeun cara nu panghadena dina kahirupan
nagara jeung bangsa. "Padahal politik mah henteu ieuh
demokratis, politik mah tiran, tujuan utamana
kakawasaan nu geus dicangking ulah tepi ka
diendag-endag," pokna.
Politik, cek Djuanda, di mana wae nu diuudagna teh
kakuatan, kakawasaan, wibawa, pangaruh, wilayah, duit,
jeung pengikut. Demokrasi mah ukur salahsahiji cara
atawa alat keur ngahontal eta kabeh. "Anu disebut
pamingpin sangkan kuat kudu boga kakawasaan, wibawa,
pangaruh, pengikut, jeung dana," pokna.
Pikeun jadi pamingpin nu kuat, cek Djuanda, urang kudu
boga elmu pangaweruh jeung pangalaman. "Tanpa eta,
urang moal bisa jadi pamingpin, moal bisa cumarita di
masarakat," pokna. Jajaten, kawani, kateuneung, moal
aya hartina mun henteu dibekelan ku pangaweruh jeung
pangalaman nu masagi, cenah.
Pangaweruh jeung pangalaman nu dimaksudna teh lain
dina harti nu heureut, tapi oge kaasup maher dina maca
situasi jeung maher dina ngaanalisis situasi sarta
maher dina nangtukeun lengkah (strategi). Lebah dieu,
Djuanda nyebutkeun urang perlu nurutan lengkah
intelejen dina maca situsi pikeun ngarebut hiji
wilayah.
"Anu bener-bener kudu diperhatikeun ku intel mah ukur
tilu, apal kana sajarah, kabudayaan jeung palasipah
(filsafat - red), hiji wilayah," cek Djuanda. Ku apal
kana sajarah, kabudayaan, palasipah (filsafat) hiji
wilayah urang bisa ngarebut kakawasaan. "Sejarah,
kabudayaan, jeung palasipah (filsafat) bisa dipake
cecekelan keur nangtukeun strategi," pokna deui.
Keur ngomean nagara, keur ngomean bangsa, jeung keur
ngomean diri urang sorangan, cek Djuanda, urang kudu
total, kaasup dina politik. "Ancrub kana politik, komo
tepi ka jadi pamingpin mah, kasempetan keur ngayakeun
parobahan gede pisan, ngan kade sanggeus jadi
pamingpin engke anggur kalah ka ngahenen," cek Djuanda
tandes. ***NS


                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 50x more storage than other providers!
http://promotions.yahoo.com/new_mail


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke