Assalamu alaikum, Hapunten, sim kuring nembe ngiringan. Manawi, radi 'konpius'. Upami sim kuring teu lepat, sigana aya dua Djuanda nu dipedar Kang Oman sareng Kang Tantan.
Kang Tantan rupina nunjuk ka Letkol (purn) Djuanda, mantan intel. Sering oge anjeunna ahir-ahir ieu disebat 'pengamat intelijen'. Mung,--pami teu lepat, nu dimaksad Kang oman mah sigana sanes anjeunna. Sabab, upami disebatkeun "anjeunna kalebet bentangna ti kalangan intelektual Sunda. Nya anjeunna anu ngararancang "kakaryaan" anu engkena ngabidanan lahirna Golkar (ku rengrengan urang Sunda keneh)" sakumaha nu diserat Kang Oman, abdi rada kirang sapaham. Paling heunteu, sim kuring rada skeptis, naha enya yan Djuanda nu mantan intel tea ngiring nngabangun Golkar? Upami eta sebatan dilarapkeun ka Kang Tato mah, teu aya lepatna. Taun 1960-an, sabaraha sih yuswa Djuanda, sareng naon wae aktivitas anjeunna? Kitu deui sebatan "bentangna ti kalangan intelektual Sunda". Asa rada-rada overestimated, lah. Sanes sim kuring kirang ngupami. Teu, da sim kuring ge hormat pisan ka kang Djuanda teh. Mung kitu tea. Bilih we sim kuring ge lepat. Lepat "menginterpretasi" seratan Kang Tantan sareng Kang Oman, atanapi nu langkung parah: teu terang naon-naon nu saenyana ngeunaan Kang Djuanda nu mantan intel tea. Nuhun, D. Sepriyossa --- tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > nambihan, > kungsi kuring ngobrol saren anjeuna. memang rada > aheng, euy! kantos biantara ngenaan kapamingpinan > Sunda, kalebet ngenaan "tata letak" sistim wilayah, > tempat, jeung sajabana. > > sigana, anjeuna tiasa diulem dina riungan halal > bihalal. > resep geura. > > kumaha satuju? > > tantan > > > --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Aya tambihna cenah, keur anu seja ancrub kana > widang > > politik atawa > > ngokolakeun masyarajat, salian ti kudu paham > > falsafah, sejarah, > > jeung budaya oge kudu engeuh kana komunikasi jeung > > psikologi > > masyaraktna. > > > > Ngeunaan Djuanda, anjeunna kalebet bentangna ti > > kalangan intelektual > > Sunda. Nya anjeunna anu ngararancang "kakaryaan" > anu > > engkena > > ngabidanan lahirna Golkar (ku rengrengan urang > Sunda > > keneh). Ngan sa > > prak kakawasaan di ieu nagri aya dina leungeun > > Soeharto, Golkar anu > > tiditu na mah nyoko kana orde prestasi atawa ajen > > hiji jelema > > dumassar prestasina diselewengkeun, jadi ekonomi > > jeung politik model > > orde baru. Golkar anu tujuan diadegkeunna ku > > inohong-inohong Tatar > > Sunda sae pisan teh akhirna jadi kandaraan > Soeharto > > jeung konco- > > koncona pikeun ngalanggengkeun kakawasaanna. > > > > Baktos, > > manAR > > --- In [EMAIL PROTECTED], "dudi" > > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Hatur nuhun Kang Tan, > > > Keun urang sakuan eta nami teh, manawi kapayuna > > tiasa kasamper ku > > urang. > > > > > > Hudang euy........! > > > > > > Wassalam, > > > dudi_ss > > > ----- Original Message ----- > > > From: tantan hermansah > > > To: [EMAIL PROTECTED] > > > Sent: Wednesday, September 01, 2004 1:56 PM > > > Subject: [Urang Sunda] Djuanda > > > > > > > > > Baraya, > > > tah aya mantan intel ngaguar kanyataan > > sosio-politik > > > urang. Djuanda. > > > > > > Sugan aya mangfaatna. > > > > > > baktos, > > > tantan > > > > > > > > > > > > Tina: galura online > > > > > > > > > "DJUANDA: Kungsi Dianggap Ngariweuhkeun" > > > > > > > > > __________________________________ > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We > finish. > http://promotions.yahoo.com/new_mail > __________________________________ Do you Yahoo!? New and Improved Yahoo! Mail - Send 10MB messages! http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

