Para wargi sadaya,
Nitenan eusi milist sababaraha dinteun katompernakeun, sajabi jejer ti anu uplek ngobrol siga chatting, aya sababaraha posting anu jejerna ngeunaan bancangpakewuh (bencana) alam, boh anu mangrupa potensi (ihwal gunungapi) atanapi anu tos kajadian (banjir bandang di Haiti). Sakalian ngiring belasungkawa ka nu ngarandapan ieu bencana alam (sok sanaos di nagri sejen), oge ngiberan, dina raraga "networking", instansi mana bae di nagara urang anu nguruskeun bencana alam.
Wewengkon nagara urang, Indonesia tea, kaasup wewengkon anu heunteu payaan (rentan) ku bancangpakewuh alam. Diantarana bae, kulantaran wewengkon urang teh beunghar ku gunungapi (moal ditarjamahkeun jadi "gunungseuneu" nya, da teu acan "baku") anu nimbulkeun hawa panas jeung hujan lebu seuneu, oge walungan jeung leuweung-leuweung anu geus garundul paadu pait jeung mindeng-gedena hujan anu nyimbeuhan sarakan urang ngaakibatkeun banjir. Leuweung gundul, taneuh anu teu acan "padu" (kulantaran seuseueurna diwangun ku produk gunungapi) jeung hujan gede mindeng ngabalukarkeun bencana alam longsor (taneuh urug) jeung banjir. Pon kitu deui, patempatan urang anu aya dina "jalur lempeng bumi aktif" jeung 2 lautan gede, khususna samudra Indonesia, potensial ngadatangkeun gempa bumi (lini), jeung tsunami (ombak laut kulantaran gempa tektonik anu nyapu ka basisir) .
Dina sajarah kahirupan bangsa urang, heunteu saeutik bancangpakewuh alam anu nembe ditataan ngabalukarkeun korban anu heunteu saeutik, upamana bae: bituna gunung (G. Krakatau, G. Tambora, G. Kelud, G. Gamalaga, G. Papandayan, jrrd), banjir (anu pangakhirna ngaerbut korban anu loba: bohorok), taneuh longsor (Garut, Mojokerto, jrrd), lini (Tarutung, Sukabumi, jrrd), jeung tusnami (Larantuka, jrrd).
Ku mindeng-mindengna kajadian bancangpakewuh alam di urang, pamarentah geus neundeun perhatian anu kawilang gede kana pasoalan bancangpakewuh alam. Diantara, aya 2 instansi/badan anu nguruskeun bencana alam di urang, nyaeta: Koordinasi Penanggulangan Bencana (KPB) sareng Direktorat Vulkanologi jeung Bencana Alam Geologi (DVMBG). KPB kapungkur mah aya disahandapeun Menteri Negara Urusan Kesejahteraan Sosial (MenKesra), tugasna langkung nyoko kana ngabereskeun pasoalan-pasoalan sosial alatan kajadian bencana alam (evakuasi, "penanganan" korban, nyalurkeun sumbangan, jrrd). Anapon DVMBG kagiatanna nyaeta ngawaskeun kaayaan alam anu jadi sumber bencana jeung ngiberan ka masyarakat pikeun sasayogian dina mayunan bencana alam (anu disebut "mitigasi" tea), kaasup mere tangara iraha-irahana baris kajadian hiji bencana alam. Anu rek dicaritakeun saterusna nya DVMBG ieu.
Bencana alam saperti lini (gempabumi), gunung bitu, longsor, jsb, disebut "bencana alam geologi" kusabab layeut pakait jeung kajadian-kajadian (fenomena) anu bisa dijelaskeun kalawan atra jku elmu geologi oge kulantaran fisikna aya dina wewengkon paelmuan geologi tea. Tah DVMBG teh kantorna aya di Bandung, kulantaran sajarahna geologi di urang mah dikawitan di Bandung (emut museum geologi?). Ieu kantor DVMBG teh tempatna sakompleks-wangunan sareng pamgulinan si kuring (DTLGKP).
Diantara hasil (produk) anu tiasa diakses ku masyarakat ti DVMBG, nyaeta: "Data Dasar Gunungapi" (DDG), "Peta Gerakan Tanah", oge peta (kar) bencana alam geologi sejenna. Dina buku DDG geus dicatet sakabeh gunungapi di Indonesia anu mindeng bitu, karakter (perilaku)-na jeung legana daerah anu mindeng kadatangan ku utah eta gunung-gunung anu ngabahayakeun (B. Ind.: "sebaran daerah bencana gunungapi"). Ieu hasil-hasil panalungtikan DVMBG teh kalintang pentingna dipikawanoh ku masyarakat, khususna masyarakat di wqewengkon anu mindeng kadatangan bencana alam.
Pakait jeung pentingna masyarakat mikawanoh daerah bencana alam, di DVMBG aya sub direktorat (bagian ti direktorat) anu nguruskeun ihwal nyalabarkeun beja (informasi) ngeunaan bencana geologi. Diantarana tugasna teh nyaeta sosialisasi (ngabejaan) masyarakat ngeunaan iraha kira-kirana ieu bencana alam (upamana gunung bitu) baris kajadian deui, kumaha carana nyalametkeun diri tina eta bencana, jeung kumaha bae masyarakat bisa ilubiung dina ngawaskeun hiji lokasi (upamana gunung) sumber bencana jeung ngawartakeunna ka pamarentah.
Saha atuh ari Ir. Priatna teh? Nya anjeunna pisan anu dina danget ieu nyepeng salaku pupuhu (ketua) seksi "penyebarluasan informasi bencana geologi" di DVMBG. Ir. Priatna teh leuwih populer ku nenehna, nyaeta "Parpar". Kang Parpar teh sadidintenna sibuk neangan cara-cara anu efektif pikeun ngatik masyarakat supaya engeuh kana bencana alam (khususna bencana alam geologi sarupi bituna gunungapi, anu jadi tanggungjawabna) jeung prak di "lapangan" (lokasi-lokasi anu potensial kajadian bencana alam) dina raraga sosialisasi (ngabejaan, ngatik, ngalatih, jrrd) masyarakat dina narekahan sangkan dina mangsana kajadian bencana alam geologi heunteu loba teuing korban. Syukur-syukur upama heunteu aya korban hiji oge, eta anu diseja.
Mangga, ka sugri anu haat kana bencana alam (upamana caket sareng hiji lokasi bencana alam) atanapi peryogi informasi ngeunaaan gunungapi, manfaatkeun ieu "jaringan", hubungan bae ka anjeunna, Ir. Priatna tea (urang sunda asli). Alamat e-mailna aya dina cc. Aya punjulna Kang Parpar teh, sajabi ti nyangking tugas-tugas pamarentahan widang ngokolakeun bencana alam, anjeunna oge gaduh hobby anu nanjung, nyaeta diantawisna, kantos juara bridge tingkat nasional sareng jagoan catur.
Baktosna,
manAR
Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

