----- Original Message -----
Sent: Thursday, September 23, 2004 10:25
AM
Subject: [Urang Sunda] Ir. Priatna jeung
"Becana Alam Geologi"
Para wargi sadaya,
Nitenan eusi milist sababaraha dinteun katompernakeun, sajabi jejer ti
anu uplek ngobrol siga chatting, aya sababaraha posting anu jejerna ngeunaan
bancangpakewuh (bencana) alam, boh anu mangrupa potensi (ihwal gunungapi)
atanapi anu tos kajadian (banjir bandang di Haiti). Sakalian ngiring
belasungkawa ka nu ngarandapan ieu bencana alam (sok sanaos di nagri
sejen), oge ngiberan, dina raraga "networking", instansi mana bae di
nagara urang anu nguruskeun bencana alam.
Wewengkon nagara urang, Indonesia tea, kaasup wewengkon anu heunteu
payaan (rentan) ku bancangpakewuh alam. Diantarana bae, kulantaran
wewengkon urang teh beunghar ku gunungapi (moal ditarjamahkeun jadi
"gunungseuneu" nya, da teu acan "baku") anu nimbulkeun hawa panas jeung hujan
lebu seuneu, oge walungan jeung leuweung-leuweung anu geus garundul paadu pait
jeung mindeng-gedena hujan anu nyimbeuhan sarakan urang
ngaakibatkeun banjir. Leuweung gundul, taneuh anu teu acan
"padu" (kulantaran seuseueurna diwangun ku produk gunungapi) jeung hujan
gede mindeng ngabalukarkeun bencana alam longsor (taneuh urug) jeung
banjir. Pon kitu deui, patempatan urang anu aya dina "jalur lempeng bumi
aktif" jeung 2 lautan gede, khususna samudra Indonesia, potensial
ngadatangkeun gempa bumi (lini), jeung tsunami (ombak laut
kulantaran gempa tektonik anu nyapu ka basisir) .
Dina sajarah kahirupan bangsa urang, heunteu saeutik bancangpakewuh alam
anu nembe ditataan ngabalukarkeun korban anu heunteu saeutik, upamana bae:
bituna gunung (G. Krakatau, G. Tambora, G. Kelud, G. Gamalaga, G.
Papandayan, jrrd), banjir (anu pangakhirna ngaerbut korban anu loba:
bohorok), taneuh longsor (Garut, Mojokerto, jrrd), lini (Tarutung,
Sukabumi, jrrd), jeung tusnami (Larantuka, jrrd).
Ku mindeng-mindengna kajadian bancangpakewuh alam di urang, pamarentah
geus neundeun perhatian anu kawilang gede kana pasoalan bancangpakewuh alam.
Diantara, aya 2 instansi/badan anu nguruskeun bencana alam di urang,
nyaeta: Koordinasi Penanggulangan Bencana (KPB) sareng
Direktorat Vulkanologi jeung Bencana Alam Geologi (DVMBG). KPB kapungkur
mah aya disahandapeun Menteri Negara Urusan
Kesejahteraan Sosial (MenKesra), tugasna langkung nyoko kana
ngabereskeun pasoalan-pasoalan sosial alatan kajadian bencana alam
(evakuasi, "penanganan" korban, nyalurkeun sumbangan, jrrd). Anapon DVMBG
kagiatanna nyaeta ngawaskeun kaayaan alam anu jadi sumber bencana jeung
ngiberan ka masyarakat pikeun sasayogian dina mayunan bencana alam
(anu disebut "mitigasi" tea), kaasup mere tangara iraha-irahana baris kajadian
hiji bencana alam. Anu rek dicaritakeun saterusna nya DVMBG
ieu.
Bencana alam saperti lini (gempabumi), gunung bitu, longsor, jsb,
disebut "bencana alam geologi" kusabab layeut pakait jeung
kajadian-kajadian (fenomena) anu bisa dijelaskeun kalawan atra jku elmu
geologi oge kulantaran fisikna aya dina wewengkon paelmuan geologi tea. Tah
DVMBG teh kantorna aya di Bandung, kulantaran sajarahna geologi di urang
mah dikawitan di Bandung (emut museum geologi?). Ieu kantor DVMBG teh
tempatna sakompleks-wangunan sareng pamgulinan si kuring (DTLGKP).
Diantara hasil (produk) anu tiasa diakses ku masyarakat ti DVMBG, nyaeta:
"Data Dasar Gunungapi" (DDG), "Peta Gerakan Tanah", oge peta (kar) bencana
alam geologi sejenna. Dina buku DDG geus dicatet sakabeh gunungapi
di Indonesia anu mindeng bitu, karakter (perilaku)-na jeung legana daerah anu
mindeng kadatangan ku utah eta gunung-gunung anu ngabahayakeun (B. Ind.:
"sebaran daerah bencana gunungapi"). Ieu hasil-hasil panalungtikan DVMBG
teh kalintang pentingna dipikawanoh ku masyarakat, khususna
masyarakat di wqewengkon anu mindeng kadatangan bencana alam.
Pakait jeung pentingna masyarakat mikawanoh daerah bencana alam, di DVMBG
aya sub direktorat (bagian ti direktorat) anu nguruskeun ihwal
nyalabarkeun beja (informasi) ngeunaan bencana geologi. Diantarana tugasna teh
nyaeta sosialisasi (ngabejaan) masyarakat ngeunaan iraha kira-kirana ieu
bencana alam (upamana gunung bitu) baris kajadian deui, kumaha carana
nyalametkeun diri tina eta bencana, jeung kumaha bae masyarakat
bisa ilubiung dina ngawaskeun hiji lokasi (upamana gunung) sumber bencana
jeung ngawartakeunna ka pamarentah.
Saha atuh ari Ir. Priatna teh? Nya anjeunna pisan anu dina danget ieu
nyepeng salaku pupuhu (ketua) seksi "penyebarluasan informasi bencana geologi"
di DVMBG. Ir. Priatna teh leuwih populer ku nenehna,
nyaeta "Parpar". Kang Parpar teh sadidintenna sibuk neangan
cara-cara anu efektif pikeun ngatik masyarakat supaya engeuh kana bencana alam
(khususna bencana alam geologi sarupi bituna gunungapi, anu jadi
tanggungjawabna) jeung prak di "lapangan" (lokasi-lokasi anu
potensial kajadian bencana alam) dina raraga sosialisasi (ngabejaan,
ngatik, ngalatih, jrrd) masyarakat dina narekahan sangkan dina
mangsana kajadian bencana alam geologi heunteu loba teuing korban.
Syukur-syukur upama heunteu aya korban hiji oge, eta anu diseja.
Mangga, ka sugri anu haat kana bencana alam (upamana caket sareng hiji
lokasi bencana alam) atanapi peryogi informasi ngeunaaan gunungapi,
manfaatkeun ieu "jaringan", hubungan bae ka anjeunna, Ir. Priatna tea (urang
sunda asli). Alamat e-mailna aya dina cc. Aya punjulna Kang Parpar teh, sajabi
ti nyangking tugas-tugas pamarentahan widang ngokolakeun bencana alam,
anjeunna oge gaduh hobby anu nanjung, nyaeta diantawisna, kantos juara bridge
tingkat nasional sareng jagoan catur.
Baktosna,
manAR
Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com -
Register online to vote today!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
ADVERTISEMENT
![click here]() | |
![]() |
Yahoo! Groups Links