Oh janten kang Eman tos di lembur deui atuhnya, nya wilujeng bae atuh ngariung deui di lembur caket sareng kulawargi. Urang Arab seueur didieu malih tos sababaraha turunan sami
sareng urang Indo, malihan teu acan lami di KJRI ngayakeun tepung taun  anu ka 110 taun  urang Indonesia di Caledonie. Nya ayeuna urang Indo di Caledonie seuseueurna urang keturunanan wungkul anu adat istiadat sareng cara hirupna tos nyandak cara hirup urang Eropa.Tapi didieu seueur pisan keturunan urang Jawa numawi didieu mah bahasa Jawa memasyarakat pisan, malih abdi oge dongkap kadieu teu tiasa sakecap-kecap acan bahasa jawa ayeunamah tos ngagorolang, ari bahasa sunda namah malah jarang di anggo kumargi eta hapunten ka baraya sadayana bilih aya kecap-kecap sunda anu lepat mugi tiasa ngalereskeun.
 
Wassalam,
 
lilis 
 


Eman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nuhun teh Lies, sim kuring ge teu tiasa unggal dinten ngalongokan bakus teh da namina ge nyambi ...
 
Abdi di France mung dua taun satengah antawis taun 91-94. Satengah taun diajar bahasa di Nancy (caket Strassbourg, wates Jerman), sataun di Orsay (Paris kidul) teras sataun panungtung di Marseille, disakolakeun ku BPPT nu kapungkur mah bosna masih pak Habibie.
 
Ayeuna mah tos di pakulian deui, di Cilegon, Banten, caket Selat Sunda kl. Upami ti Jakarta mah sajam satengah ngangge kendaraan darat. Upami ti Sumatera (Lampung) kl. sajam satengah ngangge kendaraan laut. Punten kantos ngangkat janten 'jubir', heureuy eta mah teh, pedah dikawitan ku kang Murdi.
 
Leres pisan teh Lies seueur pisan gogodana saum di nagara nu muslimna minoritas mah karaos pisan ku pribados. Sajabi ti lingkungan non muslim teh gogoda alam deuih sapertos waktos nu panjang sareng panas. Mugi-mugi teh Lilies dipasihan kakiatan kanggo mayunanana. Amin.
 
Didinya oge seueur urang Arab francophone ? (leres ejaanna?)
 
Wassalam,
Eman
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, October 15, 2004 9:34 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] nepangan baraya .kang Eman

Aya kang Eman, kumaha damang kang? tos lami tara kapendak.
Abdi nembe wangsul ti ibu kota,nembe tiasa noongan deui lembur ayeuna,wilujeng ngajalankeun ibadah saum kanggo kang Eman oge kasadayana baraya babakan kusnet.
Kanggo kang Murdi abdi ngabantun oleh-oleh jadwal puasa ti Asociation Musulman upami kang Murdi peryogi ku abdi dijaprikeun.Kang Eman sasih saum didieumah kedah kiat pisan gogodana soalna nagarana nagara non muslim anu umat Islamna tiasa kaetang ku jari .Masjid ngan aya hiji-hijina di ibu kota anu jarakna ti abdi 45 menit nganggo pesawat.Kajabi tiap-tiap sasih saum pasti nincak dina musim panas, siangna panjang sareng panas pisan. Kang Eman ari saleresna linggih dimana ayeuna kang Eman teh da ari manawi abdi mah kang Eman linggih di France?
 
Wassalam,
lilis
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Créez gratuitement votre Yahoo! Mail avec 100 Mo de stockage !
Créez votre Yahoo! Mail

Le nouveau Yahoo! Messenger est arrivé ! Découvrez toutes les nouveautés pour dialoguer instantanément avec vos amis. Téléchargez GRATUITEMENT ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to