Nepangkeun deui kang Agus.Baruk kang Agus sok dines ka Noumea damel di mana kang?
di Konsulat panginten.......? Ari ayeuna linggih dimana kang Agus teh?
 
lilis

[EMAIL PROTECTED] wrote:
Teh Lilis
Rupina Teh Lilis teh ayeuna aya di New Caledonia. Nepangkeun abdi, Agus Sanco. Upami dines abdi  ka Noumea keunging henteu ameungan ka bumi Teteh?
 
Mercy, A.Sanco
-----Original Message-----
From: LILIS lilies [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, October 15, 2004 4:20 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] nepangan baraya .kang Eman

ça va bien merci,et vous? uluh eta kang murdi meni carang ka jalan damang kang? Mangga di antos pisan bade nganjang mah, ngan abdi mah tebih deui ti Noumea kirang langkung 45 menit nganggo pesawat upami nganggo kapal cai kirang langkung 5 jam.
 
Tapi upami lebaranmah biasana abdi di Noumea biasa di mitoha sareng sakantenan solat Idul fitrina di Noumea, sok ah di antos kang..................
 
lilis

murdi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ça va..... vous deux ?...Hapunten yeuh... kapiheulaaan buka na ku kuring ( tos tabuh 18.25 ) he..he...he..( ke udud heula bari mikir.....seppp..seepp )
Numawi teh Lies , kang Eman teh kaabotan janten jubir Akankk, siganamah sieunneun bilih di gembrong jurnalis... heu.heu.heu..
Dupi teh Lies teh, Caledonie na di palih mana ? akang oge sok nganjang sakali-kali ka Noumea kanggo balanja piéces, eta oge upami teu ka abotan ,sanes waktos bade sakantenan nganjang ka teh Lies, Duka iraha na mah pangiten upami bade lebaran.
Muhun kang Eman di dengki payuneun masjid, sanes masjid nu bade ka jalan/ gang madurasa. sim kuring mah di gang Kurdi 2 , eta oge aya pun uwa di dengki, upami ti masjid mah teu tebih, nyaeta kapungkur mah nu kagungan pabrik kurupuk Lugina, upami kitu mah janten baraya deukeut panginten.
 
salut
msm
----- Original Message -----
Sent: Friday, October 15, 2004 2:24 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] nepangan baraya .kang Eman

Nuhun teh Lies, sim kuring ge teu tiasa unggal dinten ngalongokan bakus teh da namina ge nyambi ...
 
Abdi di France mung dua taun satengah antawis taun 91-94. Satengah taun diajar bahasa di Nancy (caket Strassbourg, wates Jerman), sataun di Orsay (Paris kidul) teras sataun panungtung di Marseille, disakolakeun ku BPPT nu kapungkur mah bosna masih pak Habibie.
 
Ayeuna mah tos di pakulian deui, di Cilegon, Banten, caket Selat Sunda kl. Upami ti Jakarta mah sajam satengah ngangge kendaraan darat. Upami ti Sumatera (Lampung) kl. sajam satengah ngangge kendaraan laut. Punten kantos ngangkat janten 'jubir', heureuy eta mah teh, pedah dikawitan ku kang Murdi.
 
Leres pisan teh Lies seueur pisan gogodana saum di nagara nu muslimna minoritas mah karaos pisan ku pribados. Sajabi ti lingkungan non muslim teh gogoda alam deuih sapertos waktos nu panjang sareng panas. Mugi-mugi teh Lilies dipasihan kakiatan kanggo mayunanana. Amin.
 
Didinya oge seueur urang Arab francophone ? (leres ejaanna?)
 
Wassalam,
Eman
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, October 15, 2004 9:34 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] nepangan baraya .kang Eman

Aya kang Eman, kumaha damang kang? tos lami tara kapendak.
Abdi nembe wangsul ti ibu kota,nembe tiasa noongan deui lembur ayeuna,wilujeng ngajalankeun ibadah saum kanggo kang Eman oge kasadayana baraya babakan kusnet.
Kanggo kang Murdi abdi ngabantun oleh-oleh jadwal puasa ti Asociation Musulman upami kang Murdi peryogi ku abdi dijaprikeun.Kang Eman sasih saum didieumah kedah kiat pisan gogodana soalna nagarana nagara non muslim anu umat Islamna tiasa kaetang ku jari .Masjid ngan aya hiji-hijina di ibu kota anu jarakna ti abdi 45 menit nganggo pesawat.Kajabi tiap-tiap sasih saum pasti nincak dina musim panas, siangna panjang sareng panas pisan. Kang Eman ari saleresna linggih dimana ayeuna kang Eman teh da ari manawi abdi mah kang Eman linggih di France?
 
Wassalam,
lilis
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Créez gratuitement votre Yahoo! Mail avec 100 Mo de stockage !
Créez votre Yahoo! Mail

Le nouveau Yahoo! Messenger est arrivé ! Découvrez toutes les nouveautés pour dialoguer instantanément avec vos amis. Téléchargez GRATUITEMENT ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Créez gratuitement votre Yahoo! Mail avec 100 Mo de stockage !
Créez votre Yahoo! Mail

Le nouveau Yahoo! Messenger est arrivé ! Découvrez toutes les nouveautés pour dialoguer instantanément avec vos amis. Téléchargez GRATUITEMENT ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke