Wilujeng siang baraya, mangga bilih aya nu  teu acan
daftar kanggo engke halal bihalal dicimalati. Insya
alloh dinten saptu enjing ping 9 oktober 2004
simkuring bade survey ka cimalati sareng bade manjer
eta tempat. sakitu anu kapihatur.

wassalam

------------------------------------------------


Kahatur, 
Para wargi sadaya, komunitas urang Sunda di Internet. 

Sakumaha anu sateuacanna kantos didugikeun sarta
kauninga ku sadaya, yen aya rarancang Kongres
(ngawangkong teu beres-beres) Komunitas urang Sunda 
di Internet (Kusnet)/Yayasan Perceka, sakantenan halal
bihalal/silaturahmi nyambut Boboran Siam 1425 H. Ku
kituna, saparantosna badami itu ieu sareng sajabina,
simkuring ti rengrengan nu kapeto janten panitia ieu
acara, ngabewarakeun sarta ngulem ka sadaya wargi
kanggo sumping dina acara dimaksad nu insyaAlloh seja
lumangsung dina 

Dinten          : Saptu, ping 27 Nopember 2004
Tempat          : Taman Rekreasi Cimalati (Sukabumi)
Waktos          : tabuh 10.00 dugika rengse 

Sim abdi saparakanca tirengrengan panitya halal bi
halal ageung anu di pihareup kana kasumpingan sadaya
wargi dina waktosna.
Jalaran keperyogian administrasi, sasayagian konsumsi
sareng  sajabina, kanggo para wargi anu rencana bade
ngiring ngaluuhan eta acara, disuhunkeun karidoan
manahna kanggo ngeusian formulir pendaftaran (conto
formulir aya dihandap).Sakitu anu kapihatur, wilujeng
tepang di Cimalati. 


Bogor, 4 oktober 2004
Pupuhu Panitya 

Eko R. Nugraha
 ----------------------------------------- 

Catetan:
* Panitya nyayagikeun 30 �panyangcang hate� oleh-oleh
ti Korea kanggo anu sumping pangpayunna
* Kanggo anu nganggo kaos Kusnet atanapi kaos anu
nyumiratkeun kareueus kana kasundaan, haratis lebet ka
Taman Rekreasi Cimalati)

--------------------------------------------
Formulir Pendaftaran
--------------------------------------------
WASTA : Eko Ruska Nugraha
PADUMUKAN: Bogor
JUMLAH*: Dewasa �2� (jalmi)
Murangkalih .1. (jalmi)
SARANA TRANSPORTASI**: (Umum) pribadi atanapi umum?
TITIK BERANGKAT***: Bogor

Mangga Formulir pendafataran di kintun ka email :
[EMAIL PROTECTED]
Pendaftaran dugikeun kaping 15 Oktober 2004


=====
-----------------------------
http://www.urang-sunda.or.id
-----------------------------


                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Y! Messenger - Communicate in real time. Download now. 
http://messenger.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke