Aeh mangga haturan neng Iva, mangga kalebet...deuh eung..ieu kadedeuh Mojang anu akank tea nya... ehm.......
mangga neng sok teras wae kalebet diangge acukna sadayana tong dilepaskeun, sendal wae nya.. mangga...
ayeuna Neng/Teh/Ambu/Embi Iva teh aya dimana?
 
sakantenan nepangkeun abdi nyalira wasta mah Cecep Wahyu, di warung Leboy mah kabagean peran dina Sinetron anu disutradaraan ku apih SIddik mah janten kang Ule, Pamuda gagah anu kasep tur bageur, seueur kanyaah sareng kadeudeuhna ka para wanoja... hehehehee, upami di Lembur ieu mah katelah tukang ngalierkeun tur tukang ngaririweuh wungkul.
 sim kuring ayeuna aya di Lobam, janten tukang ngored, status mah upami nuju ngored bujangan keneh, ke tas uih ngored mah nya nembe janten ayah ka budak istri hiji, oge janten salaki ka pamajikan anu oge nembe hiji... hehehehee..
 
mangga ah, sing merenah tumaninah, geura pedar pangalamannana sami da komo abdimah basa Sundana acakadut pisan, mung Alhamdulillah sok dilereskeun ku baraya sadaya anu aya di lembur..
mangga lajengkeun..
 
Baktosna,
Cecep Wahyu as Kang Ule anu gagah tur kasep oge bageur... kang Nzi jeung kang Haji teu meunang parotes!!!!
-----Original Message-----
From: iva wanti [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, October 06, 2004 2:24 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Ngiringan ah

Punten ka sadayana......nepangkeun nami abdi Iva asli urang Bandung. Abdi nembe ngiringan di Porum Komunitas Urang Sunda ieu. Punten we upami bahasa sunda abdi masih awon keneh margi bahasana sok campuran. Tapi mugi sing ditampi kusadaya anggota urang sunda anu aya di porum ieu.
Hatur nuhun sateuacanna.....


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke