mangga teh iva...
euleuhhh... maenya wanoja lebet kadieu teu ditampi... hehehe..
 
sok atuh teh iva geura ngawanohkeun nu rada lengkep,
supados kadituna teu seueur nu naros deui, komo tah kang ule mah sok loba naros,
utamina naros masih lajang atanapi henteu... heuheuheu..
 
Nepangkeun abdi pun panzi, masih "lajang" pami dipabrik, tapi pami ka rorompok mah tos buntutan dua,
ayeuna nuju kajajah ku urang jepun di batam... pituin urang kiaracondong bandung..
 
mangga geura ngawarung bandung di ieu lembur...
 
Panzi
*abdi nu pangheulana kitu...?? hehehe..
----- Original Message -----
From: iva wanti
Sent: Wednesday, October 06, 2004 2:24 PM
Subject: [Urang Sunda] Ngiringan ah

Punten ka sadayana......nepangkeun nami abdi Iva asli urang Bandung. Abdi nembe ngiringan di Porum Komunitas Urang Sunda ieu. Punten we upami bahasa sunda abdi masih awon keneh margi bahasana sok campuran. Tapi mugi sing ditampi kusadaya anggota urang sunda anu aya di porum ieu.
Hatur nuhun sateuacanna.....


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke