Ari ceuk kuring mah, kudu dirumuskeun deui anu jelas
strategi kebudayaan pikeun masyarakat/Propinsi Jawa
Barat/Banten, jeung kumaha cara nurunkeunana kana
"berbagai" program anu gampil ditarima ku masarakat.
Baheula Kang Kang Oman (Mama Manar) gawe bareng jeung
BAPPEDA ngusulkeun ka Gubernur Jawa Barat kumaha cara
ngabangun jawa Barat.
Pan aya salah sahiji Bupati di Jawa barat anu
ngaluarkeun instruksi sangkan para aparatna migunakeun
basa sunda. Hiji kabijakan anu saluyu  jeung strategi
Kebudayaan pikeun masyarakat Jawa Barat. Tapi
kadang-kadang sok macet di tengah jalan. Contona pan
kurikulum di tingkat SD sa Jawa Barat aya muatan lokal
nyaeta palajaran Basa Sunda. tapi kumaha
prak-prakanana? di SD sakola Swasta di Depok (Jawa
Barat) teu diajarkeun pelajaran Basa Sunda, teu aya
sanksi naon-naon ti pihak Dinas Pendidikan.

Sigana kulantaran masarakat urang mah masih nganut
"paternalis" tea, perlu conto jeung kawijakan ti para
gegeden anu boga kakawasaan.
Baheula jaman gubernur Jawa Baratna Yogi S Memet, ka
sakabeh pagawe Pemda Jawa Barat, diwajibkeun make
seragam hansip, anu tujuanana ngangkat darajat jeung
naekeun citra hansip. Waktu Yogi jadi Menteri Dalam
Negeri, kawijakan eta teh diterapkeun sacara nasional.
Nepi ka ayeuna, PNS sa Indonesia masih sok make
saragam hansip.

Aya deui salah sahiji contoh program  anu sukses tur
ditarima ku sakumna masayarakat Indonesia. Di daerah
Lombok aya tradisi lamun poe jumaah, masyarakatna teh
sok rajin bebersih. Bebersih di pakarangan, di imah,
jeung bebersih mandi tea, kusabab rek nyorang shalat
jumaahan. Tah program ieu teh diangkat ka tingkat
nasional, unggal poe jumaah, kantor-kantor pamrentah
sok ngayakeun "jumat bersih", miceunan berkas nu teu
kapake jeung bebersih kantor.

Punten ah! neda tawakup, bilih cariosan kuring di
luhur teu nyambung. Si kuring masih "terobsesi" ku
strategi kabudayaan, anu kapungkur dipadungdengkeun
sareng Kang Oman.
Kamana yeuh Kang Oman?

mrachmatrawyani


--- Iwan H <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nyuhunkeun tanggapanna kana seratan dihandap ieu
> 
> Dari Republika, 20 Oktober 2004
> 
> Membangun Jabar dengan Dasar Budaya 
> (Tanggapan terhadap Abidin Aslich dan Agus Kresna) 
> Laporan: 
> 
> Iwan Hermawan, M Pd 
> Mahasiswa Program Doktor Pendidikan (S3) Universitas
> Pendidikan Indonesia Program Studi IPS
> 
 
> Membaca tulisan Sdr Abidin Aslich (Republika, 15/9)
> yang cukup emosional dalam menanggapi tulisan Sdr
> Agus Kresna (Republika, 8/9) pada awalnya membuat
> panas hati juga, jangan-jangan wacana Cirebon pecah
> dari Jawa Barat seperti halnya Banten akan kembali
> mengemuka. Namun, setelah membaca kata demi kata
> dalam tulisan tersebut, saya jadi mafhum. Karena
> sebenarnya tulisan tersebut merupakan ungkapan hati
> nurani dari seorang wong Cerbon yang seolah kurang
> diperhatikan dalam beberapa tulisan tentang Sunda di
> harian ini. 



                
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke