ngiring mairan kang pamendak abdi mah sanes heureuy nanging kanyataan reh na ibadahna nembe ngalaksanakeun ritual gerak teu acan keuna kana ruhna/qolbuna. geura pan nu disaur ku Khaliq teh sanes badan/raga tapi roh (cobi tingal srt Al-Fajr ayat 27,28 Ya ayyatuhan nafsul.......) panumut abdi mah kumargi raga teh pisik/kasar dimensina terbatas kawitna tina taneuh, upami roh bersifat halus sareng dimensina teu terbatas kumargi anjeuna kawitna ti sisi Allah janten kedah uih deui ka sisi Allah upami badan nya uih deui kana taneuh. janten anu kedah sholat teh sanes raga wungkul tapi sareng ruhna. masalahna ayeuna kumaha cara nyucikeun ruh urang eta koncina ? (tinggal srt Al-Kahfi ayat 17) sareng Al-Maidah ayat 35). upami diperhatoskeun : mung cahaya panon poe anu dugi ka panon poe kumargi cahayana beraal tina panon poe janten upami urang bade menuju ka panon poe kedah ngiring cahayana tangtos dugi. janten upami urang bade dugi ka Allah kedah melalui cahaya Allah (tinggal surat An-Nur ayat 35), masalahna kumaha urang sangkan tiasa ngengingkeu cahaya Allah tah eta tugas urang muslim milarian inti agama makana Al-Qur'an teh kedah dibaca sanes mung saukur dilagukeun. cag ..ah punten yeuh..siga kiyai wae.......punten.. ----- Original Message ----- From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Tuesday, October 26, 2004 3:27 PM Subject: [Urang Sunda] Ibadah....korupsi
> > Aya rerencangan kuring anu ayeuna dumuk di luar > Indonesia, sok nyindir ka sim kuring "Nyaho heunteu > kunaon pamingpin Indonesia sok korupsi, tapi teu > ngarasa dosa?" > Ceuk manehna keneh, "sabab niatna ibadah. Ibadah rek > ngabantu kahirupan kulawargana. Tah kusabab kitu, > tingali geura para pamingpin Indonesia negakkeun > shalat mah rajin, tapi korupsina oge paling getol." > > Ieu mah heureuy ti rerencangan kuring, tong jadi > emutan. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

