Haturan teh Tati, kang Tirta da abdi oge ayeuna nuju ngumbara tebih ti lembur
tapi didieu oge aya baraya ti sunda tapi teu seueur, nya kitu upami nuju sono
ka lembur sok pada janjian kempel di si anu asa teu nunggelis teuing tebih ti lembur.
Abdi ayeuna nuju aya di Caledonie hiji nagara alit wilayah Perancis.
Upami teh Tati nuju aya dimana ayeuna?
 
Baktos
 
teh lilis

tati eric <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Kang Tirta,
 
Numutkeun simkuring mah, kumaha jalmina.....heunteu epes meer sadaya....
Seueur oge US di pangumbaraan, simkuring ngalaman ngalih teras hirup di sababaraha tempat terpencil di luar pulau jawa, oge di sakuliah Asia Tenggara ..... aya wehh  US teh geuning , mun teu ka sebat hungkul,. sigana mah eta teh pedah US mah teu patos resep nonjolkeun diri....., naha nya kirang PD kitu ?......, kadang abdi mah sok isin nyalira mun maca seratan US teh., ..sok...handap asor... merendahkan diri , ..... damel di tempat sae nyebatna ..buburuh macul........,...atuh  simkuring mah sok jadi isin nyalira. Maklum pangangguran, naon istilahna nya kanggo pangangguran....he he he , kumaha upami aya Bapak tani anu ngiringan milist ?.
 
Kitu oge ayeuna di LN... , geuning Alhamdullillah tiasa patepang sareng sababaraha US anu tos ngajrek puluhan tahun (tos janten warga USA), tapi eta bahasa sundana  meni antebbbbbbbbb,.... edun .... aya nu asalna ti Leuwi Munding Sumedang, aya nu ti Cisayong Tasik ? mung leres oge, urang manado mah tos rada kasohor seueur pisan kelompok na teh, langkung menonjol. Mung US di dieu tos tara aruih ka TS  da ti minantu sareng incu na oge tos janten warga didieu.
 
Eleh weh simkuring mah nu karek oge ninggalkeun bandung sabaraha sasih kapengker, bahasa Sunda simkuirng mah estuning garihal pisan.
 
Baktos,
Tati
 
Punten pisan,.. upami seueur bas anu teu merenah,...
 
 
 
 
 
 


Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sim kuring masih inget keneh basa munggaran ka LN eta beuratna hate, enya asa teu bisa lesot ka lemah cai teh....cipanon nyurucud siga rek moal balik deui, padahal mah ngan keur sabulan. Tapi kanyataanana memang langki pisan nepangan US di LN nu loba mah urang batak jeung manado. Eta gambaran "makro" na. Atuh gambaran mikrona contona di Depkeu Kanwil Jabar...nu jadi pingpinan teh da seler sejen, kusabab US mah mending teuleum di Bandung asal teu dimutasi ka luar TS/Jawa, jadi we nu naraek teh seler sejen. Duka tah DPR, DPRD di tatar sunda keuna ku pola ieu???
 
Hiji hal nu sok nyentug hate teh mun ningal iklan kapal Phinisi....lila-lila  bisa ngubah "imej/citra" yen nagara bahari nusantara teh ngan urang bugis makasar wungkul. Teu kabayang kuatna armada bahari Sriwijaya, Majapahit...Dina hal ieu sim kuring ngubek2 Gramedia jeung ka Museum Nasional, hayang pisan aya bahan nu nunjukkeun yen Padjadjaran ge boga armada bahari (aya kidulur nu gaduh dokumentasina??). Kantos sim kuring rek "ngalarung" ari-ari anak lalaki kuring...cenah mun ngalarung teh bisa boga sipat gede wawanen ngalanglang dunya. Ngan rencana teh teu jadi da kaburu geunjleung. Antukna cekap diajak ka basisir  sina ngadangukeun jelegurna  7 umpak ombak Cipatujah....teu aya modelna nu kieu mah ngan harepan mah barudak teh sing teuneung gede wawanen.
 
Tah kitu carita singkat ti sim kuring, duka para wargi aya pangalaman nu sanesna? Ari sim kuring mah hayang pisan babarengan ngabahas  &  ngadungdengkeun pikeun narekahan "solusi" nu nyata (real/apllicable) sipat-sipat nu sok ditempelkeun ka US, antarana:
1. Epes meer, ipis wawanen (kasus santri Aa Gym di Cimahi salah sahiki potretna??)
2. Ngagelung ka indung, teu wani kaluar ti TS (kasus Depkeu, di instansi sanes??)
3. Si kabayan....ciri nu disanghareupkeun negatip, daria/resep ngabodor teh ciri US pikeun nyingcet tina tanggungjawab/teu teges nyanghareupan masalah, kadang mah "imej"na ciri strata masyarakat titaheun! (dianggap kawas Srimulat??)
 

Salam
TCW


 


Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Créez gratuitement votre Yahoo! Mail avec 100 Mo de stockage !
Créez votre Yahoo! Mail

Le nouveau Yahoo! Messenger est arrivé ! Découvrez toutes les nouveautés pour dialoguer instantanément avec vos amis. Téléchargez GRATUITEMENT ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke