Kahatur Dulur Sadayana,
 
Wacana pernikahan wanoja Sunda sareng pameget Jawa teh saleresna pisan janten pamikiran kanggo abdi pribados oge. Abdi kalebet anu panuju yen pameget Sunda mah entong sakali-kali nikah kana wanoja Sunda, sanes alesanna gaduh pamikiran cara2 licik Walanda dina Divide et Impera tea, sanes kitu kang..! , mung abdi mah gaduh pamikiran kieu yeuh : "Iraha deui pameget (pamingpin) Ki Sunda tiasa mingpin dina bidang2 boh pulitik, ekonomi, sosial budaya, jeung sajabana ???".
 
 Asa sararedih upami ningali kanyataan yen Ki Sunda wayah kiwari mah ngan saukur "penonton" sajah, ngan saukur "pelengkep penderita" sajah, dina percaturan nasional bangsa Indonesia. Naon atuh anu salah jeung urang Sunda teh ???
 
Dinten ayeuna kaleresan abdi ngaos buku anu kacida hadena, nyaeta buku otobiografi Pejuang Ki Sunda : Bapak Alm. Otto Iskandar Dinata "Si Jalak Harupat", kacida reueusna ngaos eta buku. Abdi pribados sajujurna ngaraos bangga tur sedih, bangga na mah : yen Ki Sunda teh ngalaman gagaduh tokoh pejuang nasional anu kacida harum namina jeung oge meni sakitu patriotik-na. Bung Karno (nu urang Jawa) oge ngaku kana kaageungan perjoangan Bapak Otto.
 
Ari palebah sedihna :  Ciga na mah ti jaman baheula keneh aya pihak2 anu teu resep upami Ki Sunda mingpin ieu bangsa Indonesia teh. Kabuktian dina bukuna Pak Otto tadi, kumaha Pak Otista teh atos diculik tur dibunuh nganggo cara2 anu biadab... Padahal anjeuna anu nentang walanda nganggo cara2 pidato anu gagah jeung kacida vokalna di jaman Volksraad (DPR-na Walanda), anjeunna oge anu ngarintis salam perjuangan : "MERDEKA!!"... mung dugi ka ayeuna teu aya hiji-hiji acan (boh pemerentah Pusat atawa daerah) pengakuan kana kaageungan nama Oto Iskandar Dinata teh... asa meni kacida teuing!!!
 
Tisaprak harita mah, bisa diitung sabaraha seueur Ki Sunda anu gaduh kiprah dina percaturan pulitik/ekonomi nasional (nepi ka ayeuna oge katingalina mah urang Sunda tetep jadi minoritas di kabinetna SBY)
 
Iraha deui Ki Sunda gagaduh tokoh anu sapertos : Ir. H.Juanda ? Bpk Oto Iskandar Dinata ? Letjen Marinir Ali Sadikin ? Letjen Mashudi ? Bpk Erry Riyana Hardjapamekas ? jeung sajabana ???
 
Hayu atuh sakumna Ki Sunda, urang miang kaludeung !!!!
 
 
Salam Ki Sunda,
 
Yadi Setiadi.


Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke