Tiasa janten oge "Ciparay" nyandak tina kecap "paray", sabangsaning lauk leutik nu hirup di walungan.
Anapon kecap "babakan" dina Babakan Ciparay mirip kecap "new" dina New York. Urang York di Inggris ngababakan di Amerika srta ngawangun kota nu disebat Babakan York, eh New York.
 
zam
----- Original Message -----
Sent: Sunday, November 07, 2004 3:58 PM
Subject: [Urang Sunda] Asal usul ngaran pilemburan.......

Assalamu'alaikum.

Ieu mah ngan ukur patarosan sim kuring kana diri nyalira, mugia tiasa aya nu ngawartosan ti kidulur anu sanesna. Duka teuing ieu hal teh parantos dibahas di lembur atanapi teu acan.

Naha leres ari ngaran pilemburan di tatar sunda teh seuseueurna tina tanagkalan, sasatoan atanapi tina ngaran kawit walungan. Ieu patarosan ujug-ujug aya dina emutan basa kuring penelitian di TN. Gunung Gede Pangrango. Di dinya sim kuring teh manggihan mangrupa-rupa tatangkalan anu asa kenal. Ari dipikir-pikir teh hal eta teh mangrupa ngaran hiji pilemburan. Contona, Kiparay, pan di Bandung aya ngaran Ciparay, jrrd. Ti dinya sim kuring ngaluarkeun hiji "hipotesis" meureun ari ngaran 'kerenna' mah yen baheula kolot-kolot urang teh ngaranan hiji lembur teh saluyu jeung karakteristik eta lembur. contona, baheula di ciparay teh loba tangkal kiparay......nya meureun kieu ari kolot urang ngomongna teh. Dimana si Anu teh, atawa di beulah mana neundeun anu teh........Jawababna tah eta anu beulah loba tangkal kiparay. Nya mashur eta tempat teh di ngaranan Ciparay. Kitu atanapi sanes nya.

Tah kumaha kana hal eta teh baraya?

Aya teu buku atanapi literatur sanes anu tiasa dinjantenkeun bahan rujukan. Sim kuring ngaraos panasaran pisan kana hal eta teh.


Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke