oh kitu... ari ayeuna sok aya keneh henteu kang?

tapi hatur nuhun kana dongengna kang Akos...
bilih aya dongeng nu sanesna, mangga diantos

hehe.. deudeuieun... buntutan
~ina

----- Original Message ----- 
From: "akos kosasih" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Thursday, December 02, 2004 11:42 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] ciamis, dongeng onom..


> 
> Ieu mah mung sakaemutan kuring bae ti dongengan pun
> aki baheula, dongeng na teh kieu teh Ina... 
> keur jaman baheula di Ciamis kidul wewengkon Lakbok
> aya rawa anu dipercanten ku penduduk dinya jadi puseur
> kerajaan siluman (onom). Anu matak muringkak bulu
> punduk teh ieu kerajaan sok ngayakeun pesta anu sok
> direuah-reuah sagala ku tatarian/tayu, kendang, goong,
> pokona mah ku penduduk dinya mindeng kadenge di tengah
> rawa eta teh siga urang biasa bae ilaharna lamun keur
> aya hajatan.
> Lamun kerajaan onom keur ngayakeun pesta, piring jeung
> gelas penduduk sabudeureun eta rawa sok aya
> dicirian/ditandaan gambar ku onom. Ciciren ieu tiasa
> katingal ku urang biasa oge, mung siga kumaha gambarna
> tacan terang kuring mah. Tah , lamun parabot makan
> urang geus diciran, eta teh tandana nuju ditambut ku
> kerajaan onom keur pesta aranjeuna.
> Mung duka leres duka henteu eta cariosan pun aki, da
> sim kuring oge tacan kantos ningal langsung kajadian
> anu kararitu. Mugia bae henteu ah..
> Harita teh, sok aya oge jelma anu ngelmu ka karajaan
> onom, anu matak baheula di bandung keur jaman nge-boys
> (taun 50-60 an) kungsi aya geng barudak ciamis anu
> dingaranan "Onom Boys" anu kawentar kana elmu
> kesaktianna na. Ceunah mah saurang oge moal eleh ku
> 100 urang.
> Tapi teuing ketang da ieu mah mung dongeng wungkul...
> 
> baktos akos 
>  
> 
> --- Ina Ratnawulan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > iiiih... alim atuh nu kitu mah..
> > hoyong soteh dongeng Onom ti Kang Tirta, sanes ti
> > Kang Onom-na langsung hiiiiiyyyyy.....
> > 
> > ~ina
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Yahoo! Mail - You care about security. So do we. 
> http://promotions.yahoo.com/new_mail
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
> 
> 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to