kailhaman ku kang oman, perkara revitalisasi budaya.
kuring jadi ras inget kana paribasa "cikaracak
ninggang batu, laun-laun jadi legok". ku mj mah pernah
diplesetkeun, jadi "lila-lila caina beah" hehe. duka
pedah mindeng pagiling gisik jeung perkara
itung-itungan, model-modelan, jeung gambar-gambaran
kitu, aya jorojoy inget kana paribasa cikaracak tea.
diimpleng-impleng, sabenerna eta paribasa ngandung
ajen ilmiah, sarta bisa dijadikeun ilham pikeun
panalungtikan. paling heunteu aya dua widang anu bisa
ngabahas eta paribasa teh. kahiji widang elmu ngitung
alias matematika. kadua widang model-modelan dina
komputer grafik.
dina widang model-modelan komputer grafik, eta
cikaracak teh bisa domodelkeun jadi lengkungan bezier,
b-spline, jeung sabangsana. pikeun ngagambarkeun
kumaha ngarambatna cai ti luhur ka handap. ngayarayap
sapanjang lengkungan tea. dina widang itung-itungan
baris ngahasilkeun model "persamaan differensial".
jigana ku hiji paribasa "cikaracak" bakal ngahasilkeun
sababaraha sarjana matematika jeung komputer. malah
bisa ngahasilkeun doktor sagala.
salam,
mh
--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tah geuningan, tos dikawitan pabinihan jejer
> revitalisasi budaya
> dina wangun carita keur barudak sakola. Teraskeun
> atuh kang Zam ku
> midamel rarangkayna, eta anu 2 bae heula: "Budak
> Aman nyieun
> Website" sareng "Isah miluan mailing list". Namung
> rupina, upami
> masih migunakeun "Aman" sareng "Isah", jst, kedah
> aya kasuluyuan
> heula sareng anu gaduh hak cipta TP (sigana soal hak
> cipta ieu oge
> boa aya boa heunteu di aranjeuna teh, maklum US teh
> sok handap asor;
> boa-boa hak ciptana teh aya di penerbitna, upamai
> teu lepat mah
> GANACO, kitu penerbitna teh?).
>
> Ala kuli hal, jejer usulan Kang Zam ieu mataholangna
> mah taya lian
> ti pentingna revitalisasi budaya. Lengkah kahijina
> sakumaha
> numutkeun Kang Chaedar Al-Wasilah, revitalisasi teh
> dikawitan ku
> ngahartikeun (deui) kalawan jero dugi nuwuhkeun
> kasadarankana
> (NKDNK) "icon-icon" atawa ayat-ayat kabudayaan anu
> aya ku tafsir
> anyar anu luyu keur pangubutuh nyanghareupan
> tangtangan kahirupan
> kiwari. Keur ngigelan jeung ngigelkeun jaman tea.
> Ayat-ayat
> kabudayaan tiasa mangrupi paribasa, carita rakyat,
> lingkungan, seni,
> jrrd anu kaasup unsur budaya (aya tujuh numutkeun
> Prof.
> Koentjaraningrat mah).
>
> Revitalisasi dina lengkah nu kahiji, upamana, nambut
> (tambutan anu
> teu kedah dibayar rupina) pamendak Kang Chaedar
> Al-Wasilah deui bae,
> pikeun ayat "herang caina beunang laukna". Ieu
> paribasa anu sok jadi
> kasang tukang usaha anu tambuh laku alias teu
> ngahasilkeun nanaon
> dina nguruskeun hiji hal (da palaur paketrok
> tea-emut ka kang Dudi),
> ku cara ditafsir-ulang, tiasa dipaparin tafsir anyar
>
> salaku "kasanggupan pikeun ngawangun komunikasi anu
> efektif".
> Ayat "goong nabeuh maneh" anu sok jadi panghalang US
> maju ka hareup
> da palaur disebut adigung, saur Kang Chaedar, tiasa
> ditafsirkeun
> salaku ngebrehkeun "kompetensi" (kabisa, kamampuh,
> jst) diri.
>
> Kitu saterusna, revitalisasi tiasa diteraskeun keur
> ayat-ayat
> kabudayaan sejena. Upamana, anggapan US salaku suku
> bangsa anu
> handap asor (sakapeung upami ningali kaayaan di
> terminal atawa
> barudak ngora anu keur ngobrol jeung baturna anu teu
> nolih ka sepuh
> anu ngalangkung, rada cangcaya kana ieu anggapan
> teh), tiasa
> dipaparinan tafsir-ulang anu luyu jeung masalah anu
> disanghareupan
> dina alam kiwari. Catetan khusus ngeunaan sikep
> "handap asor" US
> (elehan-mut deui ka Kang Dudi). Mindeng kaayaan ieu
> teh "dimanfaatkeun" ku seler sejen, bukti-buktina
> geus sakitu
> nembrakna, US kageser dina widang-widang kahirupan
> kayaning padagang
> kaki lima, supir angkot, tug dugi ka anggota DaPuR
> Daerah (pakait
> deui bae meureung jeung ayat "goong nabeuh maneh").
>
> Anu ditataan di luhur teh nembe saemet revitalisasi
> tina salah
> sahiji dahan unsur budaya basa (khususna paribasa).
> Mangkaning
> sakitu nebana unsur-unsur budaya anu sadaya mibanda
> ayat-ayat sewang-
> sewangan. Upamana legenda atawa carita rakyat. Loba
> anu nuduh US
> mindeng kabeurangan dina sagala rupa kagiatan da eta
> cenah nurutan
> Sangkuriang. Lebah dieu, tetela penting aya usaha
> revitalisasi
> pikeun legenda Sangkuriang. Tong boroning legenda
> Sangkuriang,
> dalah "SILAS" oge kungsi aya anu nyawad, eta cenah
> ayana SILAS anu
> jadi "icon" Propinsi Jabar teh ngabalukarkeun US
> karunyaan teuing
> (sigana dina ngahartikeun SILAS teh ngarandeg ukur
> tepi kana Silih
> Asih). Geuningan, SILAS oge perlu direvitalisasi
> (saleresna parantos
> aya anu ngahartikeun-ulang SILAS dugi ka
> masing-masing unsur SILAS
> mibanda 17 harti anu luyu jeung tangtangan kahirupan
> ayeuna-tingali
> bae upamana "Kasundaan Rawayan Jati" yasana Abah
> Surya).
>
> Nyutat Kang Chaedar deui bae, lengkah revitalisasi
> saterasna taya
> lian ti "ngararangkay sacara babarengan" (NSB atawa
> perencanaan
> kolektif), sareng "ngahudangkeun kreativitas" (NK
> atawa pembangkitan
> kreativitas). NBS dilaksanakeun ku cara sosialisasi,
> jembarna
> nyalabarkeun informasi ngalangkungan naon rupa media
> anu aya sareng
> ngawariskeun ajen-inajen, utamina ngalangkungan
> dunya atikan. Dina
> raraga NSB teh biasa diayakeun diskusi, seminar,
> kongres, tug dugi
> ka konferensi, disagigireun tangtu bae atikan,
> khususna "wajib
> belajar" tea. Kalayan bahan-bahan jeung kurikulum
> tina hasil
> revitalisasi lengkah kahiji tea. Mataholangna,
> ngawangun kabudayaan
> teh moal bisa sosorangan, kudu ngarupakeun kahayang
> jeung prak-
> prakan balarea. Pamugi bae, naon anu mekar dina
> milist ieu kelebet
> kana ieu lengkah revitalisasi. Sangkan tambah buleud
> hasil
> revitalisasi lengkah kahiji, diperlukeun NSB.
>
> Upama NKDNK jeun NSB geus prak dilaksanakeun, gede
> harepan lahirna
> kaayan lingkungan anu tiasa ngahudangkeun
> kreativitas (NK). Sajaba
> ti eta, kawajiban pamarentah oge pikeun nyadiakeun
> fasilitas sangkan
> tumuwuh subur NK. Kreativitas, tuda eta pisan
> jero-jerona kabudayan
> teh. Kreavitas enggoning ngajawab masalah anu
> disanghareupan.
> Heunteu kreatif hartina sasayogian katinggaleun tug
> tepi ka paitna
> pisan, ludes sacara budaya. Midamel buku carita keur
> barudak sakola,
> kalayan anu jadi jejer ngarupakeun kaayaan
> lingkungan budayana anu
> dieuyeuban ku tilu lengkah revitalisasi di luhur,
> ngarupakeun hiji
> usaha dina ngawangun budaya ngalangkungan basa (oge
> seni).
>
> Cag,
> manAR
>
>
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], "Z.A. Muslim"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Mung jalaran jaman tos robah, budaya agraris tos
> robih janten
> budaya
> > industri, rupina buku-buku sapertos TP peryogi
> diropea deui.
> Utamina mah
> > disaluyukeun sareng kaayaan masarakat urang Sunda
> ayeuna. Teu
> pamohalan
> > upami dina buku TP wedalan ayeuna jejer "Aman
> ngabedahkeun
> balong" teh
> > digentos ku "Aman (budakna Aman meureun ayeuna
> mah) nyieun Website
> > Cicalengka" atanapi "Isah miluan mailing list",
> jst.
> >
> > tansah,
> > zam
> >
> >
>
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/