Tah geuningan, tos dikawitan pabinihan jejer revitalisasi budaya 
dina wangun carita keur barudak sakola. Teraskeun atuh kang Zam ku 
midamel rarangkayna, eta anu 2 bae heula:  "Budak Aman nyieun 
Website" sareng "Isah miluan mailing list". Namung rupina, upami 
masih migunakeun "Aman" sareng "Isah", jst, kedah aya kasuluyuan 
heula sareng anu gaduh hak cipta TP (sigana soal hak cipta ieu oge 
boa aya boa heunteu di aranjeuna teh, maklum US teh sok handap asor; 
boa-boa hak ciptana teh aya di penerbitna, upamai teu lepat mah 
GANACO, kitu penerbitna teh?).

Ala kuli hal, jejer usulan Kang Zam ieu mataholangna mah taya lian 
ti pentingna revitalisasi budaya. Lengkah kahijina sakumaha 
numutkeun Kang Chaedar Al-Wasilah, revitalisasi teh dikawitan ku  
ngahartikeun (deui) kalawan jero dugi nuwuhkeun kasadarankana 
(NKDNK) "icon-icon" atawa ayat-ayat kabudayaan anu aya ku tafsir 
anyar anu luyu keur pangubutuh nyanghareupan tangtangan kahirupan 
kiwari. Keur ngigelan jeung ngigelkeun jaman tea. Ayat-ayat 
kabudayaan tiasa mangrupi paribasa, carita rakyat, lingkungan, seni, 
jrrd anu kaasup unsur budaya (aya tujuh numutkeun Prof. 
Koentjaraningrat mah). 

Revitalisasi dina lengkah nu kahiji, upamana, nambut (tambutan anu 
teu kedah dibayar rupina) pamendak Kang Chaedar Al-Wasilah deui bae, 
pikeun ayat "herang caina beunang laukna". Ieu paribasa anu sok jadi 
kasang tukang usaha anu tambuh laku alias teu ngahasilkeun nanaon 
dina nguruskeun hiji hal (da palaur paketrok tea-emut ka kang Dudi), 
ku cara ditafsir-ulang, tiasa dipaparin tafsir anyar 
salaku "kasanggupan pikeun ngawangun komunikasi anu efektif". 
Ayat "goong nabeuh maneh" anu sok jadi panghalang US maju ka hareup 
da palaur disebut adigung, saur Kang Chaedar, tiasa ditafsirkeun 
salaku ngebrehkeun "kompetensi" (kabisa, kamampuh, jst) diri.  

Kitu saterusna, revitalisasi tiasa diteraskeun keur ayat-ayat 
kabudayaan sejena. Upamana, anggapan US salaku suku bangsa anu 
handap asor (sakapeung upami ningali kaayaan di terminal atawa 
barudak ngora anu keur ngobrol jeung baturna anu teu nolih ka sepuh 
anu ngalangkung, rada cangcaya kana ieu anggapan teh), tiasa 
dipaparinan tafsir-ulang anu luyu jeung masalah anu disanghareupan 
dina alam kiwari. Catetan khusus ngeunaan sikep "handap asor" US 
(elehan-mut deui ka Kang Dudi). Mindeng kaayaan ieu 
teh "dimanfaatkeun" ku seler sejen, bukti-buktina geus sakitu 
nembrakna, US kageser dina widang-widang kahirupan kayaning padagang 
kaki lima, supir angkot, tug dugi ka anggota DaPuR Daerah (pakait 
deui bae meureung jeung ayat "goong nabeuh maneh").

Anu ditataan di luhur teh nembe saemet revitalisasi tina salah 
sahiji dahan unsur budaya basa (khususna paribasa). Mangkaning 
sakitu nebana unsur-unsur budaya anu sadaya mibanda ayat-ayat sewang-
sewangan. Upamana legenda atawa carita rakyat. Loba anu nuduh US 
mindeng kabeurangan dina sagala rupa kagiatan da eta cenah nurutan 
Sangkuriang. Lebah dieu, tetela penting aya usaha revitalisasi 
pikeun legenda Sangkuriang. Tong boroning legenda Sangkuriang, 
dalah "SILAS" oge kungsi aya anu nyawad, eta cenah ayana SILAS anu 
jadi "icon" Propinsi Jabar teh ngabalukarkeun US karunyaan teuing 
(sigana dina ngahartikeun SILAS teh ngarandeg ukur tepi kana Silih 
Asih). Geuningan, SILAS oge perlu direvitalisasi (saleresna parantos 
aya anu ngahartikeun-ulang SILAS dugi ka masing-masing unsur SILAS 
mibanda 17 harti anu luyu jeung tangtangan kahirupan ayeuna-tingali 
bae upamana "Kasundaan Rawayan Jati" yasana Abah Surya).

Nyutat Kang Chaedar deui bae, lengkah revitalisasi saterasna taya 
lian ti "ngararangkay sacara babarengan" (NSB atawa perencanaan 
kolektif), sareng "ngahudangkeun kreativitas" (NK atawa pembangkitan 
kreativitas). NBS dilaksanakeun ku cara sosialisasi, jembarna 
nyalabarkeun informasi ngalangkungan naon rupa media anu aya sareng 
ngawariskeun ajen-inajen, utamina ngalangkungan dunya atikan. Dina 
raraga NSB teh biasa diayakeun diskusi, seminar, kongres, tug dugi 
ka konferensi, disagigireun tangtu bae atikan, khususna "wajib 
belajar" tea. Kalayan bahan-bahan jeung kurikulum tina hasil 
revitalisasi lengkah kahiji tea. Mataholangna, ngawangun kabudayaan 
teh moal bisa  sosorangan, kudu ngarupakeun kahayang jeung prak-
prakan balarea. Pamugi bae, naon anu mekar dina milist ieu kelebet 
kana ieu lengkah revitalisasi. Sangkan tambah buleud hasil 
revitalisasi lengkah kahiji, diperlukeun NSB.

Upama NKDNK jeun NSB geus prak dilaksanakeun, gede harepan lahirna 
kaayan lingkungan anu tiasa ngahudangkeun kreativitas (NK). Sajaba 
ti eta, kawajiban pamarentah oge pikeun nyadiakeun fasilitas sangkan 
tumuwuh subur NK. Kreativitas, tuda eta pisan jero-jerona kabudayan 
teh. Kreavitas enggoning ngajawab masalah anu disanghareupan. 
Heunteu kreatif hartina sasayogian katinggaleun tug tepi ka paitna 
pisan, ludes sacara budaya. Midamel buku carita keur barudak sakola, 
kalayan anu jadi jejer ngarupakeun kaayaan lingkungan budayana anu 
dieuyeuban ku tilu lengkah revitalisasi di luhur, ngarupakeun hiji 
usaha dina ngawangun budaya ngalangkungan basa (oge seni).

Cag,
manAR  



--- In [EMAIL PROTECTED], "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Mung jalaran jaman tos robah, budaya agraris tos robih janten 
budaya
> industri, rupina buku-buku sapertos TP peryogi diropea deui. 
Utamina mah
> disaluyukeun sareng kaayaan masarakat urang Sunda ayeuna. Teu 
pamohalan
> upami dina buku TP wedalan ayeuna  jejer "Aman ngabedahkeun 
balong" teh
> digentos ku "Aman (budakna Aman meureun ayeuna mah) nyieun Website
> Cicalengka" atanapi "Isah miluan mailing list", jst.
> 
> tansah,
> zam
> 
> 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke