lapangan tenis meja aya, lapangan badminton sayagi,
lapangan volley teu kakantun, lapangan tenis atuh
pabalatak, lapangan parkir sumawona, lapangan jukut
kanggo ngangon domba? ngemploh sareng hararejo.
Anu penting mah kedah "lapang hate".

mrachmatrawayani

--- akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Punten, nembe tiasa ngiring mairan deui anumawi nuju
> pakepuk pisan di kantor. Insyaalloh sim kuring
> sareng
> pun bojo oge bade ngiring ka UI Depok bari ngasuh
> pun
> bungsu, da cikal jeung pangais bungsu mah sabtu
> enjing
> kedah sakola heula panginten.
> Sugan US Jakarta aya nu tiasa badminton, cik
> ngabantun
> reketna, hayu urang tanding di diditu, ieu oge lamun
> aya lapang badminton na...
> Minggon ayeuna, dina dinten Kemis jeung Jumaah ping
> 9-10 Des, sim kuring aya training di luar kantor, di
> Thamrin-Jakarta. Ka sing saha bae baraya anu
> kantorna
> di sabudeureun Thamrin, mangga diantos sms na ka
> hape
> 0811-17-1056, mamanawian urang tiasa patepung lawung
> di ditu. Kukituna oge sigana sim kuring moal tiasa
> noongan lembur heula dugi ka monggon payun. Ka
> baraya
> anu bade konfirmasi gempungan di UI Depok, mangga
> nga-sms bae. Hatur nuhun..
> 
> baktos akos
>   
> 
> --- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> 
> > ka Kang Tirta miwah para wargi sadaya Kusnet
> > Jakarta,
> > hapunten nembe tiasa ngawaleran  ayeuna perkawis
> > kempel-kempel ping 11 Desember.
> > Insya allah sim kuring nyayagian tempat kanggo
> acara
> > anu dimaksad.
> > 
> > Ari rencana kuring mah kieu. Pami tiasa mah
> > sarumpingna teh enjing-enjing, tabuh tujuh tos aya
> > di
> > Kampus Depok, bari nyandak perlengkapan olahraga.
> > Ancer-ancerna lapangan parkir Gedung Pusat
> > administrasi Universitas Indonesia/gedung
> Rektorat.
> > Teras urang jalan-jalan (joging) bari ngawangkong.
> > (Ari ngobrol bari jalan-jalan teh naon namina
> nya?).
> > Upami masih enjing mah udarana teh masih seger,
> teu
> > acan patos seueur jalmi. Upami cape, tiasa mampir
> di
> > kantin fakultas (kantun milih fakultas mana wae),
> > biasana ari dinten sabtu mah aya sababara fakultas
> > anu
> > ngayakeun perkuliahan kanggo mahasiswa D3 sareng
> > Ekstensi. Upami aya waktos urang ningali kebon
> obat
> > sareng proses ngadamel minuman Kavera di caket
> > kampus
> > FMIPA. Upami bade "cuci mata" ningali nu
> > mencrang-mencrang, joging atanapi nongkrongna di
> > kafe
> > TAKOR (taman Korea) FISIP, almamater kuring. Upami
> > teu
> > lepat mah aya Diah Permatasari (pemain sinetron
> > Bajaj
> > Bajuri), kuliah di Ekstensi FISIP.
> > Upami hujan, ngawangkongna di kantor sim kuring
> wae,
> > di lantai 7 Gedung Rektorat, bari ningali
> > pamandangan
> > kampus Depok. Tiasa dikontak sim kuring di 0815 99
> > 25854.
> > 
> > Upami nyandak kendaraan nyalira, patokanana nya
> eta
> > Rektorat tea. Upamiken naek kendaraan umum, KRL
> > tiasa
> > lungsur di stasiun pondok Cina, Upami ngangge
> > beus/mikrolet lungsurna di Gunadarma/kapuk,
> atanapi
> > Pondok Cina. Bade mapah tiasa, naek ojek oge tiasa
> > mung Rp 2000,
> > Taroskeun wae ka Satpam, Pa Rachmat anu damelna di
> > Direktorat PPSI.
> > Sumangga diantos di kampus Depok.
> > 
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
> http://my.yahoo.com 
>  
> 
> 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke