Sapuk lah si teteh kana pamendak kang sidik......ngarojong pisan...

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ampir sasasih halal bi halal di Cimalati parantos kalangkung, reugreug kalayan bagja ninggali/ngabandungan baraya-baraya US anu teras ningkatkeun sumanget sabilulungan........
ngagederkeun gotong-royong, sapapait samamanis.....ceuk saha US pa-aing-aing, ceuk saha US teu paduli ka sasamana.......
Bohongngng....wadulllll... US teu paduli kabarayana.....!!!
(lamun tea mah aya anu kitu....., sanes pedah USna, namung pribadina anu teu padulian),
Paneda kanu Maha Kawasa mugi ieu bibit pepelakan teh sing mulus rahayu janten tatangkalan anu ngarandakah leubeut ku buah, pangauban sareng alaeun putra putu katurunan Pajajaran jaga.
 
Sim abdi ngiring ngarojong kalayan neneda kanu Maha Kawasa mugi ieu "Tekad sareng Usaha" dipaparin widi ku MantenNa.
Insya Allah sim abdi ngiring ngorojong kudu'a, sareng mugi-mugi tiasa ngiring ngarojong ku materilna.
 
Salajengna mugi eta sumanget sareng tekad teras ngagedur dina hate urang sadaya, malih ditingkatkan kana "Panatik Kasundaan", khususna para wargi anu aya di TS/lembur.
Urang ngawitan kuperkawis anu alit ; Saha anu tara jajan baso..??, saha anu tara jajan sate...??, saha anu tara tuang di restoran..?? (sok sanajan henteu unggal dinten..??).
Mangga urang cobian : Jajan baso ulah ka si Mas Anu namung ka mang Anu...,
jajan sate ulah sate Madura namung sate mang Anu.......,
kitu deui tuang di restoran, cobi kirangan tuang di restoran Padang, di KFC ssjb, ngawitan tuang direstoran "Lembur kuring", "Saung Kuring" ssjb.(parios heula anu gaduhna US sanes ?).
Kanggo bahan emutaneun, tiap bade boboran ; kapal ngapung, kapal laut, KA, beus anu kaluar ti Jakarta sareng Tatar Sunda tangtos parinuh sabaraha dinten sateu acan boboran.
Ieu netelakeun kumaha seueurna "junti" anu marulang ka lemburna, tiasa muluh rewu, tiasa ngaratus rewu teu pamohalan ngajuta jumlahna.
Heuheureuyan, urang candak bae jumlah 2 juta jalmi anu marulang ka luar Jakarta + tatar Sunda teh, tah upami unggal jalmi nyandak beukeul ka lemburna saurang Rp. 5 juta, janten sabaraha milyareun artos anu dicandak kaluar ti Jakarta + TS.
Tangtos dina sabagean eta artos teh artosna US.........!!!.
Cobi upami aya 10 ~ 20 juta US anu teu balanja/jajan kapadagang "junti" apan lami-lami mah
eta para junti teh ngirangan langgananana/anu meseranana, anu lami-lami mah teu aya kauntungan dagang di tatar Sunda, anu antukna kamana deui ari sanes kaluar ti TS mah.
 
Tos ahhhh... sakitu bae heu ngacapruk dinten ieu mah.
 
Pihatur
SSW
 
  
 


 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to