Kang Agus,
di Sumedang aya group kacapi suling sae (saur abdi) sareng mirah.
Pupuhuna teh jenenganna Kang Tatang. Kapungkur mah (4 th kapengker),
pangaosna 1.200.000-an (tos sareng buka pintu & dipangnyawerkeun).
Duka tah pami meuntas kabupaten mah. Mung abdi hilap deui no. telp.
bumina. Pami bade ngersakeun mah cobian we telp. ka Radio Citra
Sumedang (0261) 201998, ka Teh Ai (istrina Kang Tatang). Kapungkur mah
unggal Saptu sonten sok midang dina acara Citra Parahyangan di Radio
Citra. Duka ayeuna mah sok dinten naon tah midangna teh.

Di Sumedang aya deui group degung sakantenan sareng jaipong. Nami
groupna Puspasari kagungan Ibu Enong (kapungkur mah anjeunna sok
janten juru kawihna). Alamatna di jl. Mayor Abdurachman (peuntaseun
STM Negeri asana mah)caket radio Citra. Kapungkur mah nu sok
jaiponganna teh Teh Sona-Soni (putra kembar Ibu Enong). Mung duka nu
ieu mah sabaraha-sabarahana kirang terang.

Wassalam,
gilang




--- In [email protected], "Zamhur \"PAKUSARAKAN\""
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> heheh.. maenya manggung di padang eta teh...
> emm cigana pun bapak jeng pun adi lalajo nya..
> da' keur diparangan ngurus.. ladang.. tea gening
> eh... cing saha nu apal.. kacapi suling. atawa group degung anu rada
mirah lah..
> sugan we aya rejekina.. hayang di bareng kunu kitu lah engke di garut..
> mun teu aya mah cigna rek kana silat wae, tp kirang panten nya...
> silat na pangantena mah
> 
> 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke