Haturan baraya,
 
Tadina mah kuring sok api lain kana jejer-jejer anu ngahariwangkeun musnahna basa atawa budaya sunda, rumasa kuring teu bisa ngabendung obahna jaman, paling-paling urang ngan bisa ngomong kudu kieu kudu kitu bari jeung tetep bae urang kudu obah da lamun teu obah urang baris kalindes ku jaman/kayaan.
 
Perkara basa sunda mah ti baheula ge geus robah salah sahijina anu kacatet dihandap ieu, kurang leuwih tahun 1867 aya urang garut/limbangan anu tos sadar kana kaayaan ieu, nyaeta (eyang) Muhammad Musa tea upami teu lepat anjeuna teh kungsi jadi panghulu di limbangan, makamna di komplek astana caket mesjid agung garut.
 

Anoe matak basa Soenda, (The reason why the Sundanese language)

Diseboetkeun hoedang gering, (Can be said to be convalescent)

Tapi tatjan djagdjag pisan,  (But not entirely recovered)

Boektina tatjan walagri,   (The proof that it is not yet sound)

Basana tatjan bersih,   (Is that the language is not yet pure)

Tjampoer Djawa djeung Malajoe,  (Mixed with Javanese and Malay)

Soemawon basa Arab,   (Not to mention Arabic)

Eta noe reja teh teuing,  (All of this is just too much)

Malah aja noe enggeus leungit djinisna. (In fact original forms have been lost)

 

Upama +/- 130 tahun leuwih nu geus kaliwat,  kaayaanana basa geus ripuh kawas kitu komo tahun 2000-an (kiwari) meureun ceuk implengan (eyang) Musa harita, tapi nyatana urang henteu leungit ngaku US sok sanajan basa jeung budaya anu pastina geus beda dibandingkeun jaman Limbangan. Kukitu urang ulah hariwang teuing perkara anu kitu, tong boro ning basa jeung budaya dalah  waruga urang upama geus ruksak atawa geus teu butuh mah baris ditinggalkeun alias ema Oot. Urang ulah nyinsieuna diri sorangan, urang kudu yakin yen urang jeung turun urang kudu nepi ka pajajaran anu anyar, anu mawa kana kamulyaan hirup.
 
Urang Sunda kudu robah! US kudu ningali pikahareupeun! US ulah tibelat terus kanu geus kaliwat! US kudu maju!
Bila perlu dengan bahasa dan budaya yang baru, yang lebih baik! (kamalayon karep teh teuing...., maju terus!).
 
 
Wassalam,
dudi_ss
 
 
 
 
 
----- Original Message -----
From: mh
Sent: Tuesday, January 04, 2005 7:55 AM
Subject: [kisunda] jampe harupat --> ngeunaan basa sunda

aya sababaraha pihak anu manghariwangkeun perkara basa
sunda. ceuk sawanganana, jaga baring supagi basa sunda
bakal musnah. tanggarana diantarana aya "tendensi"
urang sunda, utamana nonomana, kurang pati resep
migunakeun basa sunda. duka bener heunteuna mah, da
tacan kungsi aya nu nyaliksik kalawan daria.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to